katambih deuih kadoktrin ku film "Pemberontakan G 30 S/PKI" nya bah willi..??
emut basa keur alit.. sok ngahaja nonton video pemberontakan G30S/PKI,
dugi keun ka 3~4 jam-an pami teu lepat mah...
pami tos nonton eta film... nu kapikiran ku abdi teh enya PKI nu telenges,
nu nandasa para jenderal sacara kejem teu berperikemanusiaan...
 
Jadi saha atuh nya nu saleresna nandasa 7 jenderal teh...??? PKI atawa saha...??
 
Panzi
----- Original Message -----
From: Waluya
Sent: Wednesday, October 06, 2004 9:03 AM
Subject: Telenges -->Re: [Urang Sunda] PKI deui...

Leres pisan kang Panzi seueur nu nuduh Amrik pipilueun dina soal G30S/PKI.
Tapi paling henteu Amrik ngilu untung sareng ngarojong pisan supaya gerakan
komunis di Indonesia diancurkeun, maklum Amrik sieuneun Indonesia jadi
nagara komunis. Ceuk cenah salah sahiji dosa Amrik teh nyaeta mikeun daftar
anggota PKI ka pihak Angkatan Darat, nepi ka ampir sadayana anggota PKI
atawa oge nu katulis tonggong ku CIA ditewakan jeung akhirna ampir sajuta
jalmi .........ditelasan!. Tapi ieu ukur tuduhan-tuduhan, seueur pisan
versina, dugi ka ayeuna oge henteu jelas, kumaha kajadian sabenerna taun
1965 teh........ Keun eta mah bagean para ahli sajarah sina debat-debatan.
Tapi hiji nu kudu jadi pieunteungeun teh, soal katelengesan nu dilakukeun ku
bangsa urang ka bangsa urang deui!

Saperti dongeng kuring nu diposting kamari, di lembur
kuring mah euweuh kajadian nanaon, saperti umumna di lembur-lembur di Jawa
Barat. Tapi ari wartos-wartos pikasieuneun mah rame di lembur teh, soal PKI
rek nyongkel panon, rek maehan tokoh jeung nu kasebut "aya" di
lembur, rek ngabagi-bagikeun taneuh jste. Kuring kacida sieunna, kumargi
pun Aki teh tilas lurah ditambih deuih gaduh kebon jeung sawah rada lega.
Meureun pangheulana nu diarah ku PKI teh pun Aki. Eta nu jadi pikasieun ku
kuring teh. Ditambah deuih ku "dongeng" lobana mayit nu ngarangkleung
minuhan walungan jeung laut di "jawa" (maksudna di Jateng jeung Jatim) nepi
ka jalmi-jlami aralim dalahar lauk asin. kuring nyangka eta teh kakejeman
PKI. Kasieun kuring ka PKI kabawa-bawa tepi ka SMA jeung waktu kuliah da di
sakola ge ditekenkeun pisan kumaha telengesna PKI teh.

Di awal tahun 1980'an kuring teh mimiti digawe, pacampur jeung babaturan nu
geus darewasa jeung lain ti daerah Jawa Barat wae, aya nu ti Jateng, Jatim,
Sumbar jrrd. Tah tidieu yeuh mimiti "lieur"na teh. Lamun ngobrolkeun soal
kajadian G30S/PKI, babaturan teh sok ngadarongengkeun soal "pembantaian" di
lemburna. Tangtu wae, ceuk pikir kuring, nu "ngabantai" teh PKI , da ceuk
"dongeng" di lembur jeung di sakola oge kitu. Tapi kanyataanana geuning
lain, nu dibantai teh geuning PKI jeung nu disangka PKI. Kuring mimitina mah
ngadebat, tapi kalahka disaleungseurikeun, pajarkeun teh, nyaho naon ari
urang Jawa Barat, da di Jawa Barat mah keur kajadian G30 S ampir teu aya
nanaon.

Dongeng babaturan ieu teh, ditambahan deui ku dongeng-dongeng nu leuwih
matak ngabirigidig lamun urang ngadangu dongeng ieu di daerahna : di Jawa
Tengah, Jawa Timur, Bali jrrd. (Kaleresan padamelan kuring tukang
asruk-asrukan ka daerah-daerah). Di Kota Negara Bali, aya Hotel namina teh
Hotel Anna. Ceuk pagawe hotel waktu ngobrol jeung kuring di taun 1981, di
benteng tembok hotel eta, anggota PKI diregregkeun terus ditembak. Di
Banyuwangi, Pa Sersan Pembantu Koramil pisan nu ngadongeng, kumaha manehna
waktu harita sok ngagiring PKI ka sisi Walungan, nu terusna dipeuncitan ku
........(Taroskeun we ka urang Jawa Timur saha nu sok meuncitan PKI teh).
Dongeng anggota Gerwani Ditelasan kujalan susuna diteuteuk. Dongeng
.......jeung dongeng nu matak .................. Masya Allah,
kadang-kadang kuring sok teu percaya,  naha bener urang Indonesia bisa
ngalakukeun pagawean nu sakitu telengesna?

Seueur nu nyebatkeun PKI nu dibantai jaman harita teh dugi ka aya dua juta
jalmina. Bilih ieu naksirna kaleuleuwihi maklum sumber ti "Barat",
sumber-sumber di Indonesia mah nyebatkeun antara 500 rewu dugi ka Sajuta
Jalmi, jadi sami jeung penduduk Brunei Darussalam ditelasan sadayana malah
langkung!
.............

WALUYA


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke