|
Upami teu lepat bah Willy ku anjeun kalebet daftar
hideung (black list) aktivis mahasiswa angkatan 78, teu tiasa janten
pagawe negeri. Kumaha putra-na keuna black list oge, bah ?
Wassalam,
Eman
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, October 06, 2004 8:49
AM
Subject: Re: Telenges -->Re: [Urang
Sunda] PKI deui...
katambih deuih kadoktrin ku film "Pemberontakan G
30 S/PKI" nya bah willi..??
emut basa keur alit.. sok ngahaja nonton video
pemberontakan G30S/PKI,
dugi keun ka 3~4 jam-an pami teu lepat
mah...
pami tos nonton eta film... nu kapikiran ku abdi
teh enya PKI nu telenges,
nu nandasa para jenderal sacara kejem teu
berperikemanusiaan...
Jadi saha atuh nya nu saleresna nandasa 7
jenderal teh...??? PKI atawa saha...??
Panzi
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, October 06, 2004 9:03
AM
Subject: Telenges -->Re: [Urang
Sunda] PKI deui...
Leres pisan kang Panzi seueur nu nuduh Amrik pipilueun
dina soal G30S/PKI. Tapi paling henteu Amrik ngilu untung sareng
ngarojong pisan supaya gerakan komunis di Indonesia diancurkeun, maklum
Amrik sieuneun Indonesia jadi nagara komunis. Ceuk cenah salah sahiji
dosa Amrik teh nyaeta mikeun daftar anggota PKI ka pihak Angkatan Darat,
nepi ka ampir sadayana anggota PKI atawa oge nu katulis tonggong ku CIA
ditewakan jeung akhirna ampir sajuta jalmi .........ditelasan!. Tapi ieu
ukur tuduhan-tuduhan, seueur pisan versina, dugi ka ayeuna oge henteu
jelas, kumaha kajadian sabenerna taun 1965 teh........ Keun eta mah
bagean para ahli sajarah sina debat-debatan. Tapi hiji nu kudu jadi
pieunteungeun teh, soal katelengesan nu dilakukeun ku bangsa urang ka
bangsa urang deui!
Saperti dongeng kuring nu diposting kamari, di
lembur kuring mah euweuh kajadian nanaon, saperti umumna di lembur-lembur
di Jawa Barat. Tapi ari wartos-wartos pikasieuneun mah rame di lembur
teh, soal PKI rek nyongkel panon, rek maehan tokoh jeung nu kasebut "aya"
di lembur, rek ngabagi-bagikeun taneuh jste. Kuring kacida sieunna,
kumargi pun Aki teh tilas lurah ditambih deuih gaduh kebon jeung sawah
rada lega. Meureun pangheulana nu diarah ku PKI teh pun Aki. Eta nu jadi
pikasieun ku kuring teh. Ditambah deuih ku "dongeng" lobana mayit nu
ngarangkleung minuhan walungan jeung laut di "jawa" (maksudna di Jateng
jeung Jatim) nepi ka jalmi-jlami aralim dalahar lauk asin. kuring nyangka
eta teh kakejeman PKI. Kasieun kuring ka PKI kabawa-bawa tepi ka SMA
jeung waktu kuliah da di sakola ge ditekenkeun pisan kumaha telengesna
PKI teh.
Di awal tahun 1980'an kuring teh mimiti digawe, pacampur
jeung babaturan nu geus darewasa jeung lain ti daerah Jawa Barat wae, aya
nu ti Jateng, Jatim, Sumbar jrrd. Tah tidieu yeuh mimiti "lieur"na teh.
Lamun ngobrolkeun soal kajadian G30S/PKI, babaturan teh sok
ngadarongengkeun soal "pembantaian" di lemburna. Tangtu wae, ceuk pikir
kuring, nu "ngabantai" teh PKI , da ceuk "dongeng" di lembur jeung di
sakola oge kitu. Tapi kanyataanana geuning lain, nu dibantai teh geuning
PKI jeung nu disangka PKI. Kuring mimitina mah ngadebat, tapi kalahka
disaleungseurikeun, pajarkeun teh, nyaho naon ari urang Jawa Barat, da di
Jawa Barat mah keur kajadian G30 S ampir teu aya nanaon.
Dongeng
babaturan ieu teh, ditambahan deui ku dongeng-dongeng nu leuwih matak
ngabirigidig lamun urang ngadangu dongeng ieu di daerahna : di
Jawa Tengah, Jawa Timur, Bali jrrd. (Kaleresan padamelan kuring
tukang asruk-asrukan ka daerah-daerah). Di Kota Negara Bali, aya Hotel
namina teh Hotel Anna. Ceuk pagawe hotel waktu ngobrol jeung kuring di
taun 1981, di benteng tembok hotel eta, anggota PKI diregregkeun terus
ditembak. Di Banyuwangi, Pa Sersan Pembantu Koramil pisan nu ngadongeng,
kumaha manehna waktu harita sok ngagiring PKI ka sisi Walungan, nu
terusna dipeuncitan ku ........(Taroskeun we ka urang Jawa Timur saha nu
sok meuncitan PKI teh). Dongeng anggota Gerwani Ditelasan kujalan susuna
diteuteuk. Dongeng .......jeung dongeng nu matak .................. Masya
Allah, kadang-kadang kuring sok teu percaya, naha bener urang
Indonesia bisa ngalakukeun pagawean nu sakitu telengesna?
Seueur
nu nyebatkeun PKI nu dibantai jaman harita teh dugi ka aya dua
juta jalmina. Bilih ieu naksirna kaleuleuwihi maklum sumber ti
"Barat", sumber-sumber di Indonesia mah nyebatkeun antara 500 rewu dugi
ka Sajuta Jalmi, jadi sami jeung penduduk Brunei Darussalam ditelasan
sadayana malah langkung! .............
WALUYA
Komunitas
Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|