Kang Panzi waktos taun 1965-1966, koran-koran seueur nu dibredel. Koran "Pikiran Rakyat" di Bandung dibredel, digentos ku koran "Angkatan Bersenjata". Koran koran nu dicepeng ku militer ieu eusina langkung seueur ngasutna tinimbang benerna. Soal jendreal nu diculik, digede-gedekeun, malah aya foto alat pangcokel panon sagala, nu cenah mah meunang nyieun PKI. Hal-hal kieu nu sabenerna mah ngasut rakyat ngamuk ka PKI, da dihucuhkeun ku wartos-wartos nu ngamoprovokasi. Ngan untungna di Jawa Barat mah Pangdamna Almarhum Jenderal Ibrahim Adjie, hiji jenderal anu ceuk cenah mah satia ka Bung Karno tapi tegas. Saleresna mah nu pangheulana ngabubarkeun PKI teh sanes Suharto tapi Ibrahim Adjie di Jawa Barat. Ibrahim Adjie ngabekukeun kagiatan PKI di Jawa Barat teu lami saatosna aya G30S/PKI. Ku cara kitu, Jenderal Ibrahim Adjie, ngahindarkeun ngamukna rakyat ka PKI, nu matak di Jawa Barat mah waktos harita ampir teu aya naon-naon, da henteu dihucuhkeun.
WALUYA ----- Original Message ----- From: B�sm��� To: [EMAIL PROTECTED] Sent: Wednesday, October 06, 2004 8:49 AM Subject: Re: Telenges -->Re: [Urang Sunda] PKI deui... katambih deuih kadoktrin ku film "Pemberontakan G 30 S/PKI" nya bah willi..?? emut basa keur alit.. sok ngahaja nonton video pemberontakan G30S/PKI, dugi keun ka 3~4 jam-an pami teu lepat mah... pami tos nonton eta film... nu kapikiran ku abdi teh enya PKI nu telenges, nu nandasa para jenderal sacara kejem teu berperikemanusiaan... Jadi saha atuh nya nu saleresna nandasa 7 jenderal teh...??? PKI atawa saha...?? Panzi ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

