simkuring ...
Hendra Hermawan bin H. Endang Dana, yuswa 29 taun masih keneh lelengohan ... pituin urang Cibaduyut, leresan Gang Kopsi payuneun TVRI Bandung. mung ayeuna nuju ngalalana, maksad hoyong metakeun akal tarekah, milari elmu panemu jampe pamake kanggo pibekeleun jaga ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara ... ieu mah supados raos engkena sareng bilih aya rerencangan nu kenal sareng sim kuring, ieu aya sakedik katerangan: - 1982-1988: SD Cibaduyut III - 1988-1991: SMP 3 Bandung - 1991-1994: SMA 5 Bandung - 1994-2002: Teknik Material ITB (S1, S2) kantos damel di PT. Tripatra Engineering, ayeuna nuju S3 di Universite Laval, Quebec, Canada, dina widang Biomaterial .. (sanes dibiayaan ku nagara Indonesia nya omat .. da sim kuring mah teu wasa ka rahayat nu bakal mayaranana) hatur nuhun. ym id: kabayansabakanada fs: http://www.friendster.com/user.php?uid=12316507 foto2: http://photos.yahoo.com/irhendrahermawan naon deui nya, ieu yeuh aya pamikiran sim kuring: gerakan sunda merdeka ... sundanese liberation movement ... lain pasundan liberation movement ... da ieu mah boga patekadan hayang ngabebaskeun, ngamerdekakeun urang sunda-na .. nu utama ngabebaskeun tina kabodoan jeung kamiskinan ... sok tataan tah tatangga, dulur baraya .. mun aya keneh budak leutik urang sunda nu teu sakola SD2 acan ... aya keneh salaki urang sunda nu teu bisa gawe pikeun ngahirupan anak pamajikan ... samentara aya urang sunda nu maju, pinter, beunghar .. tapi teu haat, teu karunyaan, teu hayang ngajait kahirupan dulur2na ... moal bisa maju urang sunda teh. saha deui atuh nu rek ngaping ngajaring ngangkat darajat urang sunda teh .. salian ti urang sunda deui mah ... sok ah urang mimitian ngahudangkeun urang sunda, leuleutikan heula ... tataan bisi aya dulur atawa tatangga deukeut nu ngabogaan budak leutik nu hayang asup SD tapi bapana teu wasa ... tulungan ku urang ... teu pira da ngan 500rebuan sataun atawa 2000 perak sapoe. mun geus aya kapercayaan diantara urang2 mah .. hayu urang ngahijikeun, ngumpulkeun "dana", ceuk basa gayana mah "dikelola secara profesional" ... pikeun nulung budak leutik urang sunda .. sina sarakola ... ===== _______HaHa_______ un homme sans frontieres _______________________________ Do you Yahoo!? Declare Yourself - Register online to vote today! http://vote.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

