Lebet Kang Hendra, nepangkeun ani nu nuju kuli di Cikarang di pabrik epson
janten buruh wanoja ti sunda. Asa nembean abdi mendakan jalmi nu jujur tur
terbuka dina ngawitan lebet ka ieu babakan, reueus ku darehdehna, reueus ku
cita-citana, insya Alloh sakaterang ani mah di ieu komunitas teh urang
ngagaduhan YP nu orientasina nyaeta ngaronjatkeun kahirupan US utamina mah
diwidang pendidikan. Sanes kitu MJ (punten bilih lepat).
Oge simkuring di Cikarang terjun langsung janten sukarelawan kanggo
ngaronjatkeun pendidikan US teh, muhun upami teu lepat mah Cikarang ge
apanan lebet ka Tatar Sunda sanes. Sanesna ti biaya oge tanagi nyaeta abdi
sareng sababaraha rerencangan janten guru sukarelawan nu teu di bayar ngajar
naon we diluar jam buburuh. Da di SD mah teu patos ribet teuing geuning
ngajar teh nu penting PBM jalan sareng nerapkeun sistem interaktif dua arah
antara siswa sareng guru. Teu weleh rame......muhun dikelas reang sundana
kasar pisan hihihihi tapi lucu tur reueus ku bahasa sunda nu beunghar ku
dialek jrrd.
Diantawisna donatur teh aya ti milis Bakus oge, unggal sasih nransfer ka
rekening nitipkeun artos zakatna nya ku abdi saparakanca di salurkeun kanu
peryogi, reueus aya US nu merhatoskeun nasib dulur-dulurna. Hatur nuhun
akang-akang sareng teteh-teteh tos mercanten ka simkuring.
Hayu ah urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun ngaronjatkeun kahirupan baraya
urang.
baktos,
neng an..
-----Original Message-----
From: Hendra Hermawan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, October 18, 2004 9:06 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] nepangkeun
samentara aya urang sunda nu maju, pinter, beunghar .. tapi teu
haat, teu karunyaan, teu hayang ngajait kahirupan dulur2na ...
moal bisa maju urang sunda teh.
saha deui atuh nu rek ngaping ngajaring ngangkat darajat urang
sunda teh .. salian ti urang sunda deui mah ...
sok ah urang mimitian ngahudangkeun urang sunda, leuleutikan
heula ... tataan bisi aya dulur atawa tatangga deukeut nu
ngabogaan budak leutik nu hayang asup SD tapi bapana teu wasa
... tulungan ku urang ... teu pira da ngan 500rebuan sataun
atawa 2000 perak sapoe.
mun geus aya kapercayaan diantara urang2 mah .. hayu urang
ngahijikeun, ngumpulkeun "dana", ceuk basa gayana mah "dikelola
secara profesional" ... pikeun nulung budak leutik urang sunda
.. sina sarakola ...
=====
_______HaHa_______
un homme sans frontieres
_______________________________
Do you Yahoo!?
Declare Yourself - Register online to vote today!
http://vote.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/