Wilujeng tepang sareng wilujeng ngariung di milis urang sunda kang 
triaji mangga mudah-mudahan betahnya. nepangkeun abdi eko ari nami 
mah siga urang wetannya he he.....tapi abdi mah asli sunda. kawit 
mah ti indihiang-tasik, teras ayeuna linggih dibogor ari macul sawah 
mah di jkt.

Sakitu heula ti abdi kang anu gaduh pancen di ieu milis janten 
kuncen #4.

hatur nuhuhn
@ERN


--- In [EMAIL PROTECTED], ov3rr|d3 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Assalaamu'alaikum wR wB
> nepangkeun
> nami: Triaji Prio Pratomo
> yuswa: salikur langkung tilu sasih (kawas balita bae nya, nganggo 
sasih :))
> kawit ti: Bandung
> padamelan: buruh di PT Bakti Anugrah Perdana Bandung
> 
> Neda hapunten sateuacanna ka 'moderator', abdi nganggo 'nami-
internet' 
> nyaeta 'ov3rr|d3' anu teu aya ngeunaanna kana kasundaan, jalaran 
abdi 
> oge ngiringan 'milis' anu di dinya 'nami-internet' abdi teh tos 
teu 
> disaha-saha, kumargi upami kedah ngarobih-robih deui mah rada 
repot.
> 
> Ngawitan bae,
> perkawis nami mah tos katebak pami abdi teh JANDA, atanapi Jawa-
Sunda, 
> pun bapa ti Purwokerto mung ti aalit di Garut, pun biang pituin 
> Sumedang, teras we aranjeunna teh pendak di Bandung.
> 
> Nya eta sok rada isin mun ka wetan teh gaduh nami anu ngaborolo 
(ku 'o' 
> sadaya maksadna) teun teu tiasa basana.
> Oge sami deuih di lembur, sok nga 'Emas-Emas' ka simkuring, pedah 
nu 
> ngaborolo tea, padahal mah teu tiasa tiasa acan ngecap basana ge.
> 
> Ah sakitu bae panginten mukodimah di pribados, nyungkeun 
bimbinganna ka 
> balarea perkawis kasundaan, utami na mah Basa Sunda.
> kersa miwulang abdi
> 
> Wassalaamu'alaikum wR wB





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke