Assalaamu'alaikum wR wB nepangkeun nami: Triaji Prio Pratomo yuswa: salikur langkung tilu sasih (kawas balita bae nya, nganggo sasih :)) kawit ti: Bandung padamelan: buruh di PT Bakti Anugrah Perdana Bandung
Neda hapunten sateuacanna ka 'moderator', abdi nganggo 'nami-internet' nyaeta 'ov3rr|d3' anu teu aya ngeunaanna kana kasundaan, jalaran abdi oge ngiringan 'milis' anu di dinya 'nami-internet' abdi teh tos teu disaha-saha, kumargi upami kedah ngarobih-robih deui mah rada repot. Ngawitan bae, perkawis nami mah tos katebak pami abdi teh JANDA, atanapi Jawa-Sunda, pun bapa ti Purwokerto mung ti aalit di Garut, pun biang pituin Sumedang, teras we aranjeunna teh pendak di Bandung. Nya eta sok rada isin mun ka wetan teh gaduh nami anu ngaborolo (ku 'o' sadaya maksadna) teun teu tiasa basana. Oge sami deuih di lembur, sok nga 'Emas-Emas' ka simkuring, pedah nu ngaborolo tea, padahal mah teu tiasa tiasa acan ngecap basana ge. Ah sakitu bae panginten mukodimah di pribados, nyungkeun bimbinganna ka balarea perkawis kasundaan, utami na mah Basa Sunda. kersa miwulang abdi Wassalaamu'alaikum wR wB ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

