kang didin, nuhun ari damang mah. ieu bade ngawaler sangkan beuki bengras. sugan teh kapungkur tos kahartos, pedah jempe. eh, can ngartos sigana mah.
KUSNET, YAYASAN PERCEKA, JEUNG URANG SUNDA (1) >Saur kang Siddik, KUSNET teh nyaeta Mediana (Situsna) Yayasan Perceka di alam maya. Ari saur mang Jamal mah, KUSnet teh nyaeta singkatan ti komunitas urang sunda di internet, nya milis ieu, [EMAIL PROTECTED] milis urang sunda ieu nu ngadamel yayasan perceka. Beu, geuning bet pasalia ? --- pasalia mah biasa atuh kang. nu teu biasa mah paamprok. da kang siddik di seoul korea kuring di bandung buah batu. sok ngobrol ari kang siddik meneran nelpon ka bandung. da mun hideng mah, lain eta nu kudu ditanyakeun teh, tapi boga hanca naon? ge geus nepi ka mana? kuring kaci ngabantuan? ------------- >Nya mana atuh nu bener ? Naha kasauran kang Siddik, nyaeta KUSNET diwangun (diadegkeun, diwujudkeun) ku Yayasan Perceka, atawa kasauran "mj", nyeta Yayasan Perceka diwangun (diadegkeun, diwujudkeun) ku KUSnet ? naon perluna mana nu bener? bener mah nu pangeran. jelema mah ngan bisa aku-akuan. da nu penting lain mana nu bener, tapi rek naon niat urang ngulampreng ka kusnet? naha rek milu ulubiung susundaan atawa rek naon? ngan ukur rek tatanya sagala rupa bodo alewoh bari jeung telat pisan. nanyakeun deui perkara kusnet + yp? ah keur diajar nulis meureun. hade atuh. ------------- >Anapon aci-acining pananya mah lapur teu kaladangan da anu diarep-arep mah jawaban ngeunaan naon anu disebut KUSnet teh bakal ngawengku panerangan ngeunaan naon anu dimaksud komunitas jeung saha atuh anu dimaksud Urang Sunda teh. Keun wae su'al internet mah teu dibejerbeaskeun oge da eta mah kudu nyaho sorangan, jeung deui kapan heueuh nyaho ayana KUSnet teh tina internet. Dumasar kana waleran ti kang Siddik, eces-tembres yen sakumna anggota ieu milist teh geus moal salah deui, pasti wanoh jeung Yayasan Perceka ti mimiti bedegul juntrungna tug dumugi ka bubuk leutikna. Sabab, tangtu, samemeh ditarima jadi anggota milist [EMAIL PROTECTED] teh dikudukeun lulus heula "ujian saringan" atawa sugan "masa orientasi" ngeunaan eta yayasan. Ras ka dinya, kuring heran, naha geuning kuring mah teu ditalek teu ditakon. Bulubus teh estuning lalugina teu pinanggih jeung tanjakan. Kajurung ku katerangan ti kang Siddik di luhur, yen KUSNET teh nyaeta Mediana (Situsna) Yayasan Perceka di alam maya, nu hartina yen KUSNET teh diayakeun ku Yayasan Perceka, nya kuring tumanya deui, naon atuh ari Yayasan Perceka teh ? Jawaban ti kang Siddik netelakeun yen Yayasan Perceka teh hiji yayasan anu ngagaduhan tujuan ngamajengkeun TS (Tatar Sunda) sareng US (Urang Sunda) ku jalan, diantawisna : masihan bea siswa ka para siswa US (Urang Sunda) yatim-piatu sareng kulawargi anu teu/kirang mampu, ngadanaan pabukon di TS, sareng sajabina. Carek kuring, euleuh-euleuh geuning rohaka yayasan teh, saha atuh saenyana anu nyieunna ? Lebah dieu tandes pisan mang Jamal netelakeun yen Yayasan Perceka teh diadegkeun ku urang KUSnet ! --------- >terus, geus kitu kumaha? bade ngiringan masihan beasiswa barudak SD di tatar sunda atawa ngadamel pabukon di lembur-lembur sangkan barudak sunda raresep maca, sugan we palinter kahareupna? atawa bade naroskeun deui ari komunitas teh naon, ari Urang Sunda teh naon? yeuh lur, batur mah geus nyieun internet, geus bisa nyieun pda, geus ngarapung, na urang mah masih keneh saha ari urang sunda? cita-cita nulis ieu teh naon? ------------- >Kuring nu geus ancrub milu aub ilubiung, teu kari pagiling-gisik di ieu milist, jadi mikir tujuh kuriling, ari nu disebut urang KUSnet teh saha ? Ari panyana nu disebut urang KUSnet teh anggota milist, nyaeta sing saha bae anu ilubiung di milist [EMAIL PROTECTED] Mun kitu mah atuh sulaya, da buktina geuning kuring di saha-saha, malah asup kana rombongan anu henteu kapalire bongan kasebut "nu anyar gabung". Kirang terang, nu kaasup nu anyar gabung atawa rombongan nu teu kapalire teh nu gabungna iraha. Nu puguh mah, kuring nu "milu aub ilubiung" ti mimiti bulan Maret 2004, geus kaasup jalma anyar anu henteu kapalire tea, hartina teu kaasup uarang KUSnet. terus mun sulaya saderek didin bade kumaha? teu apal adat suradat milis sigana mah kang didin teh. ari milis mah, anggotana teh, aya nu asup, terus jadi anggota nepi ka ayeuna, aya nu asup terus kaluar, jadi mun disebut nu anyar gabung, memang kitu kayaanana. teu kapalire, sabenerna mah, eta kitu teh maksudna mah, kecap sasadu kuring. pedah salaku kuncen #3, si kuring teu ngabageakeun ka unggal baraya nu anyar asup ka kusnet, da boga dapur nu kudu diurus. nilik ti nami lengkep mah, menak kang Didin teh. nuhun ah kersa gabung. atawa pedah menak kitu kudu didama-dama? teu ngarti ku dibejaan saliwat kudu atra meunang batur, teu bisa ngira-ngira sorangan? http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

