seja ngiring ngarecokan mang

-- hapunten sateuacana bilih sim kuring belengong, bilih aya nu 
kasigeung, da ieu mah sakadar pamikiran kuring nu teu ngarti --

ari pendapat kuring mah, ayeuna teh sanes waktosna deui kanggo 
ngaributkeun (ceuk kuring mah) hal2 leutik anu bakalan megatkeun kana 
duduluran, tarutama duduluran sa-sunda. cag heula ngaributkeun hal2 
nu bakal nyegah kana kamajuan (tarutama) urang sunda

kuring mah teu ngartos n teu terang permasalahanana, ngan nya ari 
dibaca tina email2 nu aya (sabagian) jeung implengan kuring mah ieu 
teh sakadar benten pendapat hungkul nu teu perlu diageung2keun, da 
moal aya mangfaatna kanggo urang sadayana.
terus terang, kuring ancrub kana ieu komunitas teh hayang seja 
ngamumule budaya jeung adat istiadat urang sunda (tangtuna nu teu 
ngalanggar kana parenta Gusti Allah SWT!!), da kuring mah ngarasa asa 
teu (ceuk basa malayu mah) "mengakar" kana adat jeung budaya sunda 
teh. da kumaha, lingkungan jeung pendidikan oge teu ngadukung.

kirang langkung 12 taun kuring hirup di jakarta, (ceuk kuring mah), 
ari urang sunda asa beda jeung suku2 laena, di mana US mah sok 
ewang2an, naa ari suku2 laena meuni hayang ngarojongan ka dulur 
salembur supaya bisa maraju. 
lain kuring rek nyakompetdaunkeun US, ngan eta nu karasa ku kuring, 
boh waktu kuring sakola, boh ayeuna geus macul.

ari sakadar pasea jeung parebut bungkusan hitut mah, euuuuhh meuni 
asa geus rawing ceuli teh di alam nyata oge. harepan kuring, di dieu 
(komunitas/milis) tiasa diwangun kasadaran yen beda pendapat teh hal 
anu biasa, da geus ditangtukeun ku Gusti Allah hal eta teh.

nu ngora sing hormat ka nu kolot
nu kolot sing nyaah ka nu ngora

salam baktos & hormat
sim kuring

-dikdik kurnia-
(nu sok bingung ngabandungan urang sunda umumna)


*** punten, email nu pang handapna teu dihapus, supados aya jujutan 
caritana ***


--- In [EMAIL PROTECTED], "Mang Jojo" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Assalamualaikum  wr.wb.
> 
> Kang Didin sareng  MJ kalih wargi Kusnet sadaya.
> 
> Emang mah  atoh pisan  asup ancrub ka ieu pakalangan teh. 
> Sababarah taun kapengker aya situs Sundanet.com. Emang sok 
> rajin ngarewong dina sababaraha hancengan, tara daria ieuh 
> da  teu gaduh bekel elmuna. Tapi aya sababaraha urang aya 
> nu daria kalayan sok nganteuran tutungkusan anu munel, 
> misalnya  kang manAR (Kang Oman) atanapi kang Gunawan, 
> ssjte. Tapi aya oge anu sok "ngagegebrigan" hilap deui tah 
> jenengan anjeuna teh. Balukar tiona ngagegebrigan teh 
> sakapeung mah  sok aya nu kasigung dan nyariosna sok rada 
> garihal padahal mungkin niatna sae. Tapi ku emang sok 
> 'dipisah', da nyatana mah geuning maksadna sadayana oge 
> sae keur kasundaan keneh.
> 
> Nu hiji hayang pengkuh kana adat kasundaan anu suranyeh, 
> adab jeung tara maksa pirusa tur tara maksakeun batur. Ari 
> nu hiji deui jigana teh boga karep hayang geuwat 
> ngajujurung sabab kaleleban ku sangkaan yen urang sunda 
> teh peleye, tara eucreug nepi jucungna, eraan, sewang 
> sewangan jst.
> 
> 
> Hijiwaktos Kang Oman nelepon ka rorompok ( bari can apal 
> janggelek kasepna tah "mama kiyai" harita teh) cenah urang 
> ngariung we jeung urangsunda di yahoo da aya batur 
> salembur MJ tea.  Emang tepang sareng Kang Oman 
>  sababaraha urang wargi Kusnet  waktos  MJ walimahan di 
> Horison ( tingali photo album).
> 
> Sihoreng didinya teh tos seueur wargi malah aya sobat 
> emang nu janten Kuncen ( ua Sas).
> 
> Beh dieu diadegkeun Yayasan Perceka, gunem caturna oge teu 
> dugi ka seueur saur, ari  emang mah atoh nu aya aya. Anu 
> dipharep mah ieu media jeung yayasan teh  kacida gede 
> mangpaatna, anapon  kakiranganna mah keun bae heulaanan, 
> sina diajar lelengkah halu ulah waka di gegebrigan bisa 
> teunggar kalongeun.
> 
> Bejana aya cara  dina ngawangun enas-enasna  hiji kumpulan 
> samodel Perceka, kudu aya approach, deployment, learning 
> jeung continuous improvement (punten emang nyanyahoanan 
>  da  sanes guru sanes inohong sanes konsultan).
> 
> Talatah ti embina cenah mah heug bae kasadayana sing 
> jalembar emutan, der bae rek hog hag mah tapi ulah nepika 
> peunggas duduluran. Ais pangampih Perceka tur kritikus 
> model Kang Didin ku emang kacipta boga pangaji dina 
> ngawangun kasundaan. Tada teuing saena upami dimuhit 
> ngahijikeun pikir tur pakarepan sarta lengkah anu nyata 
> nanjeurkeun kasundaan.
> 
> Sihapunten anu diteda ka sadayana. Wilujeng boboran.
> 
> Pidua emang,
> 
> MangJojo
> 
> 
> On Wed, 20 Oct 2004 16:12:43 +0700
>   "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >     
> > kang didin, nuhun ari damang mah.  ieu bade ngawaler 
> >sangkan beuki bengras.
> > sugan teh kapungkur tos kahartos, pedah jempe. eh, can 
> >ngartos sigana mah.
> > 
> > KUSNET, YAYASAN PERCEKA, JEUNG URANG SUNDA (1)
> > 
> > >Saur kang Siddik, KUSNET teh nyaeta Mediana (Situsna) 
> >Yayasan Perceka di
> > alam maya. Ari saur mang Jamal mah, KUSnet teh nyaeta 
> >singkatan ti komunitas
> > urang sunda di internet, nya milis ieu, 
> >[EMAIL PROTECTED] milis
> > urang sunda ieu nu ngadamel yayasan perceka. Beu, 
> >geuning bet pasalia ?
> > 
> > ---
> > pasalia mah biasa atuh kang. nu teu biasa mah paamprok. 
> >da kang siddik di
> > seoul korea kuring di bandung buah batu. sok ngobrol ari 
> >kang siddik meneran
> > nelpon ka bandung. da mun hideng mah, lain eta nu kudu 
> >ditanyakeun teh, tapi
> > boga hanca naon?
> > ge geus nepi ka mana?
> > kuring kaci ngabantuan?
> > -------------
> > 
> > >Nya mana atuh nu bener ? Naha kasauran kang Siddik, 
> >nyaeta KUSNET diwangun
> > (diadegkeun, diwujudkeun) ku Yayasan Perceka, atawa 
> >kasauran "mj", nyeta
> > Yayasan Perceka diwangun (diadegkeun, diwujudkeun) ku 
> >KUSnet ?
> > 
> > naon perluna mana nu bener? bener mah nu pangeran. 
> >jelema mah ngan bisa
> > aku-akuan. da nu penting lain mana nu bener, tapi rek 
> >naon niat urang
> > ngulampreng ka
> > kusnet? naha rek milu ulubiung susundaan atawa rek naon? 
> >ngan ukur rek
> > tatanya
> > sagala rupa bodo alewoh bari jeung telat pisan. 
> >nanyakeun deui perkara
> > kusnet + yp?
> > ah keur diajar nulis meureun. hade atuh.
> > -------------
> > >Anapon aci-acining pananya mah lapur teu kaladangan da 
> >anu diarep-arep mah
> > jawaban ngeunaan naon anu disebut KUSnet teh bakal 
> >ngawengku panerangan
> > ngeunaan naon anu dimaksud komunitas jeung saha atuh anu 
> >dimaksud Urang
> > Sunda teh.
> > Keun wae su'al internet mah teu dibejerbeaskeun oge da 
> >eta mah kudu nyaho
> > sorangan, jeung deui kapan heueuh nyaho ayana KUSnet teh 
> >tina internet.
> > 
> > Dumasar kana waleran ti kang Siddik, eces-tembres yen 
> >sakumna anggota ieu
> > milist teh geus moal salah deui, pasti wanoh jeung 
> >Yayasan Perceka ti mimiti
> > bedegul juntrungna tug dumugi ka bubuk leutikna. Sabab, 
> >tangtu, samemeh
> > ditarima jadi anggota milist [EMAIL PROTECTED] 
> >teh dikudukeun lulus
> > heula "ujian saringan" atawa sugan "masa orientasi" 
> >ngeunaan eta yayasan.
> > Ras ka dinya, kuring heran, naha geuning kuring mah teu 
> >ditalek teu ditakon.
> > Bulubus teh estuning lalugina teu pinanggih jeung 
> >tanjakan.
> > 
> > Kajurung ku katerangan ti kang Siddik di luhur, yen 
> >KUSNET teh nyaeta
> > Mediana (Situsna) Yayasan Perceka di alam maya, nu 
> >hartina yen KUSNET teh
> > diayakeun ku Yayasan Perceka, nya kuring tumanya deui, 
> >naon atuh ari Yayasan
> > Perceka teh ? Jawaban ti kang Siddik netelakeun yen 
> >Yayasan Perceka teh hiji
> > yayasan anu ngagaduhan tujuan ngamajengkeun TS (Tatar 
> >Sunda) sareng US
> > (Urang Sunda) ku jalan, diantawisna : masihan bea siswa 
> >ka para siswa US
> > (Urang Sunda) yatim-piatu sareng kulawargi anu 
> >teu/kirang mampu, ngadanaan
> > pabukon di TS, sareng sajabina. Carek kuring, 
> >euleuh-euleuh geuning rohaka
> > yayasan teh, saha atuh saenyana anu nyieunna ? Lebah 
> >dieu tandes pisan mang
> > Jamal netelakeun yen Yayasan Perceka teh diadegkeun ku 
> >urang KUSnet !
> > 
> > ---------
> > >terus, geus kitu kumaha? bade ngiringan masihan 
> >beasiswa barudak SD di
> > tatar sunda
> > atawa ngadamel pabukon di lembur-lembur sangkan barudak 
> >sunda raresep maca,
> > sugan we palinter
> > kahareupna? atawa bade naroskeun deui ari komunitas teh 
> >naon, ari Urang
> > Sunda teh naon?
> > yeuh lur, batur mah geus nyieun internet, geus bisa 
> >nyieun pda, geus
> > ngarapung, na urang mah
> > masih keneh saha ari urang sunda?
> > cita-cita nulis ieu teh naon?
> > 
> > -------------
> > >Kuring nu geus ancrub milu aub ilubiung, teu kari 
> >pagiling-gisik di ieu
> > milist, jadi mikir tujuh kuriling, ari nu disebut urang 
> >KUSnet teh saha ?
> > Ari panyana nu disebut urang KUSnet teh anggota milist, 
> >nyaeta sing saha bae
> > anu ilubiung di milist [EMAIL PROTECTED] Mun 
> >kitu mah atuh sulaya,
> > da buktina geuning kuring di saha-saha, malah asup kana 
> >rombongan anu henteu
> > kapalire bongan kasebut "nu anyar gabung". Kirang 
> >terang, nu kaasup nu anyar
> > gabung atawa rombongan nu teu kapalire teh nu gabungna 
> >iraha. Nu puguh mah,
> > kuring nu "milu aub ilubiung" ti mimiti bulan Maret 
> >2004, geus kaasup jalma
> > anyar anu henteu kapalire tea, hartina teu kaasup uarang 
> >KUSnet.
> > 
> > terus mun sulaya saderek didin bade kumaha?
> > teu apal adat suradat milis sigana mah kang didin teh. 
> >ari milis mah,
> > anggotana teh, aya nu asup, terus jadi anggota nepi ka 
> >ayeuna, aya nu asup
> > terus kaluar, jadi mun disebut nu anyar gabung, memang 
> >kitu kayaanana. teu
> > kapalire, sabenerna mah, eta kitu teh maksudna mah, 
> > kecap sasadu kuring.
> > pedah salaku kuncen
> > #3, si kuring teu ngabageakeun ka unggal baraya nu anyar 
> >asup ka kusnet, da
> > boga dapur nu kudu diurus.
> > 
> > nilik ti nami lengkep mah, menak kang Didin teh.  nuhun 
> >ah kersa gabung.
> > atawa pedah menak kitu kudu
> > didama-dama? teu ngarti ku dibejaan saliwat kudu atra 
> >meunang batur, teu
> > bisa ngira-ngira sorangan?
> > 
> > http://geocities.com/mangjamal
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke