Assalamualaikum  wr.wb.

Kang Didin sareng  MJ kalih wargi Kusnet sadaya.

Emang mah  atoh pisan  asup ancrub ka ieu pakalangan teh. 
Sababarah taun kapengker aya situs Sundanet.com. Emang sok 
rajin ngarewong dina sababaraha hancengan, tara daria ieuh 
da  teu gaduh bekel elmuna. Tapi aya sababaraha urang aya 
nu daria kalayan sok nganteuran tutungkusan anu munel, 
misalnya  kang manAR (Kang Oman) atanapi kang Gunawan, 
ssjte. Tapi aya oge anu sok "ngagegebrigan" hilap deui tah 
jenengan anjeuna teh. Balukar tiona ngagegebrigan teh 
sakapeung mah  sok aya nu kasigung dan nyariosna sok rada 
garihal padahal mungkin niatna sae. Tapi ku emang sok 
'dipisah', da nyatana mah geuning maksadna sadayana oge 
sae keur kasundaan keneh.

Nu hiji hayang pengkuh kana adat kasundaan anu suranyeh, 
adab jeung tara maksa pirusa tur tara maksakeun batur. Ari 
nu hiji deui jigana teh boga karep hayang geuwat 
ngajujurung sabab kaleleban ku sangkaan yen urang sunda 
teh peleye, tara eucreug nepi jucungna, eraan, sewang 
sewangan jst.


Hijiwaktos Kang Oman nelepon ka rorompok ( bari can apal 
janggelek kasepna tah "mama kiyai" harita teh) cenah urang 
ngariung we jeung urangsunda di yahoo da aya batur 
salembur MJ tea.  Emang tepang sareng Kang Oman 
 sababaraha urang wargi Kusnet  waktos  MJ walimahan di 
Horison ( tingali photo album).

Sihoreng didinya teh tos seueur wargi malah aya sobat 
emang nu janten Kuncen ( ua Sas).

Beh dieu diadegkeun Yayasan Perceka, gunem caturna oge teu 
dugi ka seueur saur, ari  emang mah atoh nu aya aya. Anu 
dipharep mah ieu media jeung yayasan teh  kacida gede 
mangpaatna, anapon  kakiranganna mah keun bae heulaanan, 
sina diajar lelengkah halu ulah waka di gegebrigan bisa 
teunggar kalongeun.

Bejana aya cara  dina ngawangun enas-enasna  hiji kumpulan 
samodel Perceka, kudu aya approach, deployment, learning 
jeung continuous improvement (punten emang nyanyahoanan 
 da  sanes guru sanes inohong sanes konsultan).

Talatah ti embina cenah mah heug bae kasadayana sing 
jalembar emutan, der bae rek hog hag mah tapi ulah nepika 
peunggas duduluran. Ais pangampih Perceka tur kritikus 
model Kang Didin ku emang kacipta boga pangaji dina 
ngawangun kasundaan. Tada teuing saena upami dimuhit 
ngahijikeun pikir tur pakarepan sarta lengkah anu nyata 
nanjeurkeun kasundaan.

Sihapunten anu diteda ka sadayana. Wilujeng boboran.

Pidua emang,

MangJojo


On Wed, 20 Oct 2004 16:12:43 +0700
  "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>     
> kang didin, nuhun ari damang mah.  ieu bade ngawaler 
>sangkan beuki bengras.
> sugan teh kapungkur tos kahartos, pedah jempe. eh, can 
>ngartos sigana mah.
> 
> KUSNET, YAYASAN PERCEKA, JEUNG URANG SUNDA (1)
> 
> >Saur kang Siddik, KUSNET teh nyaeta Mediana (Situsna) 
>Yayasan Perceka di
> alam maya. Ari saur mang Jamal mah, KUSnet teh nyaeta 
>singkatan ti komunitas
> urang sunda di internet, nya milis ieu, 
>[EMAIL PROTECTED] milis
> urang sunda ieu nu ngadamel yayasan perceka. Beu, 
>geuning bet pasalia ?
> 
> ---
> pasalia mah biasa atuh kang. nu teu biasa mah paamprok. 
>da kang siddik di
> seoul korea kuring di bandung buah batu. sok ngobrol ari 
>kang siddik meneran
> nelpon ka bandung. da mun hideng mah, lain eta nu kudu 
>ditanyakeun teh, tapi
> boga hanca naon?
> ge geus nepi ka mana?
> kuring kaci ngabantuan?
> -------------
> 
> >Nya mana atuh nu bener ? Naha kasauran kang Siddik, 
>nyaeta KUSNET diwangun
> (diadegkeun, diwujudkeun) ku Yayasan Perceka, atawa 
>kasauran "mj", nyeta
> Yayasan Perceka diwangun (diadegkeun, diwujudkeun) ku 
>KUSnet ?
> 
> naon perluna mana nu bener? bener mah nu pangeran. 
>jelema mah ngan bisa
> aku-akuan. da nu penting lain mana nu bener, tapi rek 
>naon niat urang
> ngulampreng ka
> kusnet? naha rek milu ulubiung susundaan atawa rek naon? 
>ngan ukur rek
> tatanya
> sagala rupa bodo alewoh bari jeung telat pisan. 
>nanyakeun deui perkara
> kusnet + yp?
> ah keur diajar nulis meureun. hade atuh.
> -------------
> >Anapon aci-acining pananya mah lapur teu kaladangan da 
>anu diarep-arep mah
> jawaban ngeunaan naon anu disebut KUSnet teh bakal 
>ngawengku panerangan
> ngeunaan naon anu dimaksud komunitas jeung saha atuh anu 
>dimaksud Urang
> Sunda teh.
> Keun wae su'al internet mah teu dibejerbeaskeun oge da 
>eta mah kudu nyaho
> sorangan, jeung deui kapan heueuh nyaho ayana KUSnet teh 
>tina internet.
> 
> Dumasar kana waleran ti kang Siddik, eces-tembres yen 
>sakumna anggota ieu
> milist teh geus moal salah deui, pasti wanoh jeung 
>Yayasan Perceka ti mimiti
> bedegul juntrungna tug dumugi ka bubuk leutikna. Sabab, 
>tangtu, samemeh
> ditarima jadi anggota milist [EMAIL PROTECTED] 
>teh dikudukeun lulus
> heula "ujian saringan" atawa sugan "masa orientasi" 
>ngeunaan eta yayasan.
> Ras ka dinya, kuring heran, naha geuning kuring mah teu 
>ditalek teu ditakon.
> Bulubus teh estuning lalugina teu pinanggih jeung 
>tanjakan.
> 
> Kajurung ku katerangan ti kang Siddik di luhur, yen 
>KUSNET teh nyaeta
> Mediana (Situsna) Yayasan Perceka di alam maya, nu 
>hartina yen KUSNET teh
> diayakeun ku Yayasan Perceka, nya kuring tumanya deui, 
>naon atuh ari Yayasan
> Perceka teh ? Jawaban ti kang Siddik netelakeun yen 
>Yayasan Perceka teh hiji
> yayasan anu ngagaduhan tujuan ngamajengkeun TS (Tatar 
>Sunda) sareng US
> (Urang Sunda) ku jalan, diantawisna : masihan bea siswa 
>ka para siswa US
> (Urang Sunda) yatim-piatu sareng kulawargi anu 
>teu/kirang mampu, ngadanaan
> pabukon di TS, sareng sajabina. Carek kuring, 
>euleuh-euleuh geuning rohaka
> yayasan teh, saha atuh saenyana anu nyieunna ? Lebah 
>dieu tandes pisan mang
> Jamal netelakeun yen Yayasan Perceka teh diadegkeun ku 
>urang KUSnet !
> 
> ---------
> >terus, geus kitu kumaha? bade ngiringan masihan 
>beasiswa barudak SD di
> tatar sunda
> atawa ngadamel pabukon di lembur-lembur sangkan barudak 
>sunda raresep maca,
> sugan we palinter
> kahareupna? atawa bade naroskeun deui ari komunitas teh 
>naon, ari Urang
> Sunda teh naon?
> yeuh lur, batur mah geus nyieun internet, geus bisa 
>nyieun pda, geus
> ngarapung, na urang mah
> masih keneh saha ari urang sunda?
> cita-cita nulis ieu teh naon?
> 
> -------------
> >Kuring nu geus ancrub milu aub ilubiung, teu kari 
>pagiling-gisik di ieu
> milist, jadi mikir tujuh kuriling, ari nu disebut urang 
>KUSnet teh saha ?
> Ari panyana nu disebut urang KUSnet teh anggota milist, 
>nyaeta sing saha bae
> anu ilubiung di milist [EMAIL PROTECTED] Mun 
>kitu mah atuh sulaya,
> da buktina geuning kuring di saha-saha, malah asup kana 
>rombongan anu henteu
> kapalire bongan kasebut "nu anyar gabung". Kirang 
>terang, nu kaasup nu anyar
> gabung atawa rombongan nu teu kapalire teh nu gabungna 
>iraha. Nu puguh mah,
> kuring nu "milu aub ilubiung" ti mimiti bulan Maret 
>2004, geus kaasup jalma
> anyar anu henteu kapalire tea, hartina teu kaasup uarang 
>KUSnet.
> 
> terus mun sulaya saderek didin bade kumaha?
> teu apal adat suradat milis sigana mah kang didin teh. 
>ari milis mah,
> anggotana teh, aya nu asup, terus jadi anggota nepi ka 
>ayeuna, aya nu asup
> terus kaluar, jadi mun disebut nu anyar gabung, memang 
>kitu kayaanana. teu
> kapalire, sabenerna mah, eta kitu teh maksudna mah, 
> kecap sasadu kuring.
> pedah salaku kuncen
> #3, si kuring teu ngabageakeun ka unggal baraya nu anyar 
>asup ka kusnet, da
> boga dapur nu kudu diurus.
> 
> nilik ti nami lengkep mah, menak kang Didin teh.  nuhun 
>ah kersa gabung.
> atawa pedah menak kitu kudu
> didama-dama? teu ngarti ku dibejaan saliwat kudu atra 
>meunang batur, teu
> bisa ngira-ngira sorangan?
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> 
> 
> 
> 
> 
>   
> 
>  Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> 
>  
>      Yahoo! Groups Sponsor     ADVERTISEMENT
>            
>  Yahoo! Groups Links
>  To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>  To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! 
>Terms of Service.            

===========================================================================================
"Dapatkan hadiah utama sebuah sepeda motor, dengan mengikuti
Netkuis Ramadhan TELKOM Jakarta di http://netkuis1.plasa.com/jakarta/ramadhan";
===========================================================================================


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke