dik no tlp._na ? soni+++ bali-0361-742 6906 On Fri, 22 Oct 2004 01:19:11 -0000 "dicksvf" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > seja ngiring ngarecokan mang > > -- hapunten sateuacana bilih sim kuring belengong, bilih >aya nu > kasigeung, da ieu mah sakadar pamikiran kuring nu teu >ngarti -- > > ari pendapat kuring mah, ayeuna teh sanes waktosna deui >kanggo > ngaributkeun (ceuk kuring mah) hal2 leutik anu bakalan >megatkeun kana > duduluran, tarutama duduluran sa-sunda. cag heula >ngaributkeun hal2 > nu bakal nyegah kana kamajuan (tarutama) urang sunda > > kuring mah teu ngartos n teu terang permasalahanana, >ngan nya ari > dibaca tina email2 nu aya (sabagian) jeung implengan >kuring mah ieu > teh sakadar benten pendapat hungkul nu teu perlu >diageung2keun, da > moal aya mangfaatna kanggo urang sadayana. > terus terang, kuring ancrub kana ieu komunitas teh >hayang seja > ngamumule budaya jeung adat istiadat urang sunda >(tangtuna nu teu > ngalanggar kana parenta Gusti Allah SWT!!), da kuring >mah ngarasa asa > teu (ceuk basa malayu mah) "mengakar" kana adat jeung >budaya sunda > teh. da kumaha, lingkungan jeung pendidikan oge teu >ngadukung. > > kirang langkung 12 taun kuring hirup di jakarta, (ceuk >kuring mah), > ari urang sunda asa beda jeung suku2 laena, di mana US >mah sok > ewang2an, naa ari suku2 laena meuni hayang ngarojongan >ka dulur > salembur supaya bisa maraju. > lain kuring rek nyakompetdaunkeun US, ngan eta nu karasa >ku kuring, > boh waktu kuring sakola, boh ayeuna geus macul. > > ari sakadar pasea jeung parebut bungkusan hitut mah, >euuuuhh meuni > asa geus rawing ceuli teh di alam nyata oge. harepan >kuring, di dieu > (komunitas/milis) tiasa diwangun kasadaran yen beda >pendapat teh hal > anu biasa, da geus ditangtukeun ku Gusti Allah hal eta >teh. > > nu ngora sing hormat ka nu kolot > nu kolot sing nyaah ka nu ngora > > salam baktos & hormat > sim kuring > > -dikdik kurnia- > (nu sok bingung ngabandungan urang sunda umumna) > > > *** punten, email nu pang handapna teu dihapus, supados >aya jujutan > caritana *** > > > --- In [EMAIL PROTECTED], "Mang Jojo" ><[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> Assalamualaikum wr.wb. >> >> Kang Didin sareng MJ kalih wargi Kusnet sadaya. >> >> Emang mah atoh pisan asup ancrub ka ieu pakalangan >>teh. >> Sababarah taun kapengker aya situs Sundanet.com. Emang >>sok >> rajin ngarewong dina sababaraha hancengan, tara daria >>ieuh >> da teu gaduh bekel elmuna. Tapi aya sababaraha urang >>aya >> nu daria kalayan sok nganteuran tutungkusan anu munel, >> misalnya kang manAR (Kang Oman) atanapi kang Gunawan, >> ssjte. Tapi aya oge anu sok "ngagegebrigan" hilap deui >>tah >> jenengan anjeuna teh. Balukar tiona ngagegebrigan teh >> sakapeung mah sok aya nu kasigung dan nyariosna sok >>rada >> garihal padahal mungkin niatna sae. Tapi ku emang sok >> 'dipisah', da nyatana mah geuning maksadna sadayana oge >> sae keur kasundaan keneh. >> >> Nu hiji hayang pengkuh kana adat kasundaan anu suranyeh, >> adab jeung tara maksa pirusa tur tara maksakeun batur. >>Ari >> nu hiji deui jigana teh boga karep hayang geuwat >> ngajujurung sabab kaleleban ku sangkaan yen urang sunda >> teh peleye, tara eucreug nepi jucungna, eraan, sewang >> sewangan jst. >> >> >> Hijiwaktos Kang Oman nelepon ka rorompok ( bari can apal >> janggelek kasepna tah "mama kiyai" harita teh) cenah >>urang >> ngariung we jeung urangsunda di yahoo da aya batur >> salembur MJ tea. Emang tepang sareng Kang Oman >> sababaraha urang wargi Kusnet waktos MJ walimahan di >> Horison ( tingali photo album). >> >> Sihoreng didinya teh tos seueur wargi malah aya sobat >> emang nu janten Kuncen ( ua Sas). >> >> Beh dieu diadegkeun Yayasan Perceka, gunem caturna oge >>teu >> dugi ka seueur saur, ari emang mah atoh nu aya aya. Anu >> dipharep mah ieu media jeung yayasan teh kacida gede >> mangpaatna, anapon kakiranganna mah keun bae heulaanan, >> sina diajar lelengkah halu ulah waka di gegebrigan bisa >> teunggar kalongeun. >> >> Bejana aya cara dina ngawangun enas-enasna hiji >>kumpulan >> samodel Perceka, kudu aya approach, deployment, learning >> jeung continuous improvement (punten emang nyanyahoanan >> da sanes guru sanes inohong sanes konsultan). >> >> Talatah ti embina cenah mah heug bae kasadayana sing >> jalembar emutan, der bae rek hog hag mah tapi ulah >>nepika >> peunggas duduluran. Ais pangampih Perceka tur kritikus >> model Kang Didin ku emang kacipta boga pangaji dina >> ngawangun kasundaan. Tada teuing saena upami dimuhit >> ngahijikeun pikir tur pakarepan sarta lengkah anu nyata >> nanjeurkeun kasundaan. >> >> Sihapunten anu diteda ka sadayana. Wilujeng boboran. >> >> Pidua emang, >> >> MangJojo >> >> >> On Wed, 20 Oct 2004 16:12:43 +0700 >> "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> > >> > kang didin, nuhun ari damang mah. ieu bade ngawaler >> >sangkan beuki bengras. >> > sugan teh kapungkur tos kahartos, pedah jempe. eh, can >> >ngartos sigana mah. >> > >> > KUSNET, YAYASAN PERCEKA, JEUNG URANG SUNDA (1) >> > >> > >Saur kang Siddik, KUSNET teh nyaeta Mediana (Situsna) >> >Yayasan Perceka di >> > alam maya. Ari saur mang Jamal mah, KUSnet teh nyaeta >> >singkatan ti komunitas >> > urang sunda di internet, nya milis ieu, >> >[EMAIL PROTECTED] milis >> > urang sunda ieu nu ngadamel yayasan perceka. Beu, >> >geuning bet pasalia ? >> > >> > --- >> > pasalia mah biasa atuh kang. nu teu biasa mah >>paamprok. >> >da kang siddik di >> > seoul korea kuring di bandung buah batu. sok ngobrol >>ari >> >kang siddik meneran >> > nelpon ka bandung. da mun hideng mah, lain eta nu kudu >> >ditanyakeun teh, tapi >> > boga hanca naon? >> > ge geus nepi ka mana? >> > kuring kaci ngabantuan? >> > ------------- >> > >> > >Nya mana atuh nu bener ? Naha kasauran kang Siddik, >> >nyaeta KUSNET diwangun >> > (diadegkeun, diwujudkeun) ku Yayasan Perceka, atawa >> >kasauran "mj", nyeta >> > Yayasan Perceka diwangun (diadegkeun, diwujudkeun) ku >> >KUSnet ? >> > >> > naon perluna mana nu bener? bener mah nu pangeran. >> >jelema mah ngan bisa >> > aku-akuan. da nu penting lain mana nu bener, tapi rek >> >naon niat urang >> > ngulampreng ka >> > kusnet? naha rek milu ulubiung susundaan atawa rek >>naon? >> >ngan ukur rek >> > tatanya >> > sagala rupa bodo alewoh bari jeung telat pisan. >> >nanyakeun deui perkara >> > kusnet + yp? >> > ah keur diajar nulis meureun. hade atuh. >> > ------------- >> > >Anapon aci-acining pananya mah lapur teu kaladangan >>da >> >anu diarep-arep mah >> > jawaban ngeunaan naon anu disebut KUSnet teh bakal >> >ngawengku panerangan >> > ngeunaan naon anu dimaksud komunitas jeung saha atuh >>anu >> >dimaksud Urang >> > Sunda teh. >> > Keun wae su'al internet mah teu dibejerbeaskeun oge da >> >eta mah kudu nyaho >> > sorangan, jeung deui kapan heueuh nyaho ayana KUSnet >>teh >> >tina internet. >> > >> > Dumasar kana waleran ti kang Siddik, eces-tembres yen >> >sakumna anggota ieu >> > milist teh geus moal salah deui, pasti wanoh jeung >> >Yayasan Perceka ti mimiti >> > bedegul juntrungna tug dumugi ka bubuk leutikna. >>Sabab, >> >tangtu, samemeh >> > ditarima jadi anggota milist >>[EMAIL PROTECTED] >> >teh dikudukeun lulus >> > heula "ujian saringan" atawa sugan "masa orientasi" >> >ngeunaan eta yayasan. >> > Ras ka dinya, kuring heran, naha geuning kuring mah >>teu >> >ditalek teu ditakon. >> > Bulubus teh estuning lalugina teu pinanggih jeung >> >tanjakan. >> > >> > Kajurung ku katerangan ti kang Siddik di luhur, yen >> >KUSNET teh nyaeta >> > Mediana (Situsna) Yayasan Perceka di alam maya, nu >> >hartina yen KUSNET teh >> > diayakeun ku Yayasan Perceka, nya kuring tumanya deui, >> >naon atuh ari Yayasan >> > Perceka teh ? Jawaban ti kang Siddik netelakeun yen >> >Yayasan Perceka teh hiji >> > yayasan anu ngagaduhan tujuan ngamajengkeun TS (Tatar >> >Sunda) sareng US >> > (Urang Sunda) ku jalan, diantawisna : masihan bea >>siswa >> >ka para siswa US >> > (Urang Sunda) yatim-piatu sareng kulawargi anu >> >teu/kirang mampu, ngadanaan >> > pabukon di TS, sareng sajabina. Carek kuring, >> >euleuh-euleuh geuning rohaka >> > yayasan teh, saha atuh saenyana anu nyieunna ? Lebah >> >dieu tandes pisan mang >> > Jamal netelakeun yen Yayasan Perceka teh diadegkeun ku >> >urang KUSnet ! >> > >> > --------- >> > >terus, geus kitu kumaha? bade ngiringan masihan >> >beasiswa barudak SD di >> > tatar sunda >> > atawa ngadamel pabukon di lembur-lembur sangkan >>barudak >> >sunda raresep maca, >> > sugan we palinter >> > kahareupna? atawa bade naroskeun deui ari komunitas >>teh >> >naon, ari Urang >> > Sunda teh naon? >> > yeuh lur, batur mah geus nyieun internet, geus bisa >> >nyieun pda, geus >> > ngarapung, na urang mah >> > masih keneh saha ari urang sunda? >> > cita-cita nulis ieu teh naon? >> > >> > ------------- >> > >Kuring nu geus ancrub milu aub ilubiung, teu kari >> >pagiling-gisik di ieu >> > milist, jadi mikir tujuh kuriling, ari nu disebut >>urang >> >KUSnet teh saha ? >> > Ari panyana nu disebut urang KUSnet teh anggota >>milist, >> >nyaeta sing saha bae >> > anu ilubiung di milist [EMAIL PROTECTED] Mun >> >kitu mah atuh sulaya, >> > da buktina geuning kuring di saha-saha, malah asup >>kana >> >rombongan anu henteu >> > kapalire bongan kasebut "nu anyar gabung". Kirang >> >terang, nu kaasup nu anyar >> > gabung atawa rombongan nu teu kapalire teh nu gabungna >> >iraha. Nu puguh mah, >> > kuring nu "milu aub ilubiung" ti mimiti bulan Maret >> >2004, geus kaasup jalma >> > anyar anu henteu kapalire tea, hartina teu kaasup >>uarang >> >KUSnet. >> > >> > terus mun sulaya saderek didin bade kumaha? >> > teu apal adat suradat milis sigana mah kang didin teh. >> >ari milis mah, >> > anggotana teh, aya nu asup, terus jadi anggota nepi ka >> >ayeuna, aya nu asup >> > terus kaluar, jadi mun disebut nu anyar gabung, memang >> >kitu kayaanana. teu >> > kapalire, sabenerna mah, eta kitu teh maksudna mah, >> > kecap sasadu kuring. >> > pedah salaku kuncen >> > #3, si kuring teu ngabageakeun ka unggal baraya nu >>anyar >> >asup ka kusnet, da >> > boga dapur nu kudu diurus. >> > >> > nilik ti nami lengkep mah, menak kang Didin teh. >> nuhun >> >ah kersa gabung. >> > atawa pedah menak kitu kudu >> > didama-dama? teu ngarti ku dibejaan saliwat kudu atra >> >meunang batur, teu >> > bisa ngira-ngira sorangan? >> > >> > http://geocities.com/mangjamal >> > >> > >> > >> > >> > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > >
============================================= Netkuis Instan untuk wilayah Bandung (kode area 022) - SD,SMP,SMA Berhadiah total puluhan juta rupiah... periode I dimulai 1 April 2004 ============================================= ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

