Leres pisan Kang Rahman, ngadukeun kaimanan jeung teori kaelmuan moal nyambung, sabab nu ari nu kahiji mah mutlak-mutlakan, ari nu teori kaelmuan mah sifatna sementawis (relatif) salami didukung ku data. Tapi nu cilaka, dua taun kapengker di Indonesia nerekab buku- buku anu ngadukeun dua sifat anu beda ieu, salah sawiosna buku-buku sareng VCD anu dikarang ku Harun Yahya anu nyerang Teori Darwin. Buku-buku ieu saleresna mah langkung lumpat kana filsafatna tinimbang kana materi elmu nu aya hubunganana sareng Teori Darwin. Nu sim kuring rada palalaur, para "penggemar" buku-buku ieu jeung VCD malah ti kalangan kampus (mahasiswa jeung dosenna). Teu kirang, aya Doctor Biologi ti sakola cap gajah cindeten anu ngadukung buku- buku ieu. Ku seringna buku-buku ieu diseminarkan di kampus-kampus, naha henteu ngarugikeun/ngirangan sifat "kahayang-nyahoan" ti mahasiswa nu kuduna mah didorong, ngarah jadi jelema nu kuat hayang nyahona.
Naon margina kuring gaduh pamendak kitu? mangga we aos jawaban Harun Yahya ka Paleontolog Indonesia tea. Tulisan HY sabenerna mah ukur bolak-balik ngutip perdebatan para ahli anu sadayana oge pendukung Teori Darwin, dikutip sapotong-sapotong, eukeur ngadukung argumentasi manehna. Perkawis tangkorak fossil tea, timana HY boga kayakinan eta tangkorak fosil teh deukeut ka jelema tinimbang ka monyet? manehna terang eta, kulantaran manehna maca tina majalah/ jurnal ilmiah. Jadi lain manehna sorangan nu ngabanding-ngabanding eta tangkorak fosil jeung tangkorak jelema atawa jeung tangkorak monyet. Jadi ukur kutap-kutip tina perdebatan soal tangkorak eta deukeut ka mana, maklum manehna lain sakolaan dina widang eta kumargi ngabanding-banding tangkorak ari sanes ahlina mah moal tiasa. Prof Dr. T. Yacob mantan rektor UGM sareng ahli anthroplogi ragawi, tadina anjeuna dokter nu S2 sareng S3na dina widang anthropologi. Bandingkeun sareng HY nu cenah anjeunna teh sakolana di Turki "fine art" nu teu aya patula-patalina jeung anatomi tulang- tulang jelema. Jawaban HY ka paleontolog Indonesia oge tungtungna mutlak-mutlakan, ceuk cohagna mah, ari maneh muslim, nya kudu percaya ka kuring, Titik. Tah eta nu teu dipikaresep ku kuring teh, mutlak-mutlakana. Sabab eta maehan "kahayang-nyahoan" jelema. Padahal sagala kamajuan/ budaya jelema teh akibat tina "kahayang-nyahoan" jelema dina ngartikeun alam-semesta ieu, lain tina sifat mutlak-mutlakan kitu! Punten ah .........ngacaprux! Baktos, WALUYA --- In [EMAIL PROTECTED], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > haturan Kang ManAr, > > leres kitu pisan, nami na ge teori. Teori kaelmuan mah apan sifat na > teh sementawis. Bebeneran dina teori kaelmuan mah apan "valid" upami > bukti2 na masih keneh ngarojong eta teori. > > anu sok jadi beungbeurat teh kanggo kuring nu bodo mah, sok aya > jalmi anu sok ngadukeun kaimanan (anu sifatna mutlak) jeung teori > kaelmuan. Nyambung kana urusan paleontologi, ari keur kuring mah > malah jadi tafsir keur kaimanan. > > Kang Duli, hatur nuhun kintunan artikel na. > > > Baktos, > > rman > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

