Kahiji: Ngaguar "Kriteria" Heula

Aeh Kang Ahmad, eta salira parantos ngagiar kalayan 
munel, "kelemahan" anu dijadikeun kriteria nangtukeun hiji daerah 
katinggaleun atawa heunteu. Hayu geura urang tilikan deui anu jadi 
indikatorna, sakumaha dicutan ku koran PR. Anu jadi indikator 
nangtukeun hiji daerah katinggaleun atawa heunteu teh aya 6 
kriteria, nyaeta (B. Ind, sakumaha dicutat tina PR 
sabeuleugeunjeurna; hatur nuhun Kang Baranyay):

"Menurutnya, pemerintah menetapkan enam kriteria untuk memasukkan 
suatu daerah dalam kategori daerah tertinggal. Keenam kriteria itu 
adalah persentase kemiskinan di daerah, sumber daya manusia yang 
rendah akibat terbatasnya akses terhadap pendidikan, kesehatan dan 
lapangan kerja, infrastruktur yang masih kurang, fiskal gap yang 
kurang dari Rp 140 miliar, aksesibilitas terhadap dunia luar, serta 
karakteristik daerah berdasarkan persentase daerah terhadap bencana 
alam". 

Tah lebah kriteria anu ka 6 bae geus kurang merenah rarasaan mah. 
Maenya karakteristik alam (anu urang heunteu bisa nolak da eta mah 
asli bawaning ngajadi dijadikeun bahan babandingan/lomba kamajuan 
daerah?. Arek oge meureunan kriteria teh nya "perbandingan" antara 
karakteristik alam jeung kamampuh daerah dina nyanghareupan masalah 
anu muncul tina eta karakteristik alam. Jadi, kudu aya hiji ukuran 
anu heunteu bisa disakompetdaunkeun. Daerah-daerah wewengkon 
pakidulan, kayaning Garut jeung Sukabumi, kawilang epes meer keuna 
ku sarupa "bencana alam".

Sababaraha kriteria oge kapireungeuh patumpang tindih. Upamana bae: 
infrastruktur anu masih kurang apan sabenerna mah bisa disebutkeun 
sarua jeung "aksesibilitas terhadap dunia luar" (anu kurang oge). 
Kukituna, pantes upama Bupati Kab. Sukabumi rada mureleng 
disebutkeun kabupatenna salaku "daerah tertinggal" teh. Memang 
pamarentah pusat, dina nangtukeun tingkatan (kamajuan pangwangunan) 
daerah teh katawisna masih teu acan dumasar kana kriteria anu 
kaharti jeung kasaluyuan ku sarerea (sakabeh minimal pamarentah 
daerah).

Cag heula.
Baktosna,
manAR


--- In [EMAIL PROTECTED], Ahmad Junaedi <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Dina leresan ieumah.. rupina kang ManAr tiasa langkung paos 
ngaguarna..
> sim kuringmah mung sakadar mairan ...
>  
> numutkeun sim kuringmah.. kanggo matok kriteriana.. aya saena... 
didamel dua kelompok..nyaeta nasional... sareng regional propinsi.  
Ku ukuran nasional.. mungkin wae kab Garut sareng Sukabumi aya di 
urutan... di luar 120..... namung ku urutan propinsi mah.. mungkin 
kab Garut sareng Sukabumi teh aya di ukuran kabuncit....
>  
> Saenamah... ieu "predikat" teh henteu  dianggap "aib/ngajatuhkeun 
harkat" daerah (Garut + Sukabumi)... malihan mah tiasa jadi 
lolongkrang kanggo tiasa macu pangwangunan kalayan dukungan 
sumberdaya ti nagara/nasional...
> Sim kuring anu kalahiran Sukabumi (sanaos henteu dumuk di 
Sukabumi).. masih.. tiasa "nampi" upami Sukabumi kalebet "daerah 
tertinggal".  Upami "pajabat Sukabumi" ngabantah ieu "predikat"... 
mungkin bae ieu pajabat teh tara "aprak-aprakan" asup kampung kaluar 
kampung khususna di daerah pasisian....nitenan.. 
kumaha "katinggaleunana" masyarakat dina sagala rupi segi 
pangwangunan....
>  
> Cag.. ah..
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn 
more. 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> Yahoo! Groups Sponsor 
> Get unlimited calls to
> 
> U.S./Canada
> 
> 
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
> 
>    To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>   
>    To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
>    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service. 
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less.





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke