Para wargi,
Henteu saeutik "seler sejen" (lain sunda pituin tina silsilah kalahiranna) mawa seungit ku prestasina.. anu antukna diaku jadi kareueus tatar sunda.
contona bae "Susi Susanti' anu juara sadunya batminton tea.
Kamari, sim kuring ngintunkeun wartos ti PR, juara mental aritmatika nasional ti Indramayu (Devina) anu baris jadi wawakil Indonesia di ajang kajuaraan dunya di Taiwa. Ieu oge... ibu-ramana teh numutkeun namimah.. asalna ti Bali... rupina nuju tugas lan bubuara di Indramayu.
Oge, siswa anu janten juara olympiade internasional matematika sareng IPA ti Tasik, Ivan Kustanto, ieu oge ibu-ramana teh.. "sipit".
Sim kuring ngiring "reueus.. ku "prestasi aranjeuna"..
namung oge pinuh harepan...(tur tanda tanya)
"urang sunda pituin-na" oge kudu ber-prestasi...(prestasi sunda pituin-na mana?)
sok atuh... geura "harudang" urang sunda!
Baktosna,
Ahmad Junaedi...
Do you Yahoo!?
The all-new My Yahoo! � What will yours do?
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

