Jempol Kang...! Bener pisan, "tos tiasa dibuktikeun yen eta AZAB atanapi MUSIBAH ?". Mesekna kudu ku dua elmu: elmu tauhid jeung elmu alam (ayat-ayat kauniah). Sabenerna mah duanana oge elmu ngeunaan Allah, elmu tauhid keneh, ngan ilmu alam sok teu pati ditolih, atawa memang maranehna teh teu nyaho kitu? Apaleun kitu ustadz Asep teh yen aya lemah beulah nu panjangna 1000 km nu jadi episentrum lini? Apaleun kitu anjeunna kunaon eta lemah teh bisa beulah? Naha anjeuna ngajak jamaah milu mikir salah sahiji ayat kauniah eta? Naha anjeuna ngajelaskeun ka jamaah yen tobat teh salah sahijina kudu ngajanggelek dina rupa "leuwih ngarti kana ayat kauniah"?
Hapunten anu kasuhun ka sadayana... Kuring mah tetep teu narima dulur kuring di Aceh disalahkeun... MUI geus ngaluarkeun fatwa yen dulur-dulur di Aceh nu tiwas teh kaasup syahid. AJ --- Mang Keluk <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ah, ari saleresna mah rek disebatkeun AZAB peeeeek, > atawa MUSIBAH heeeuuuug, da > eta mah saukur bahasa expresi pikeun nyebutkeun > kajadian rupa kitu. Kitu deui > RASA anu karasa tina kalimah tadi, pan teu sami > karaosna ku urang nya ? > Aya nu jadi tersinggung pedah disebut AZAB atawa > KUTUKAN, aya nu hare-hare wae > teu jadi masalah; rek azab, rek kutukan, rek musibah > etamah kawenangna anu Maha > Kawasa anu ngawasa hirup urang sakabeh. Pon kukituna > deui naha tos tiasa > dibuktikeun yen eta AZAB atanapi MUSIBAH ? > > HATUR NUHUN > > LSSP > > --- Om TEDDY <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Sigana meureun ngelingan ka urang. Yen nu ngaranna > Azab teh lain nandang ka > > nu salah wae. Nu bener oge meunang. > > Beh dituna... Ngelingan ka urang supaya sagala nu > ngaranna pidorakaeun ulah > > wani-wani di lakonan. Khususna ka urang Bandung > atawa Urang Sunda. Pan teu > > lami ti hartita mun teu salah di beh kuloneun > Sunda geus mimiti aya lini? > > Jadi kitu meureun pamendak khotib Asep teh.' > > Muereun, kitu oge... > > > > Eh... Abah Willy kumaha damang dina wanci kieu? > Sing atos-atos, Bah. > > Geuningan hawa pancaroba teh ayeuna mah rada > benten. Duka teuing umur sim > > kuringna nu tos nambihan, kitu? > > > > Salam baktos, > > > > Pun TEDDY > > urang Pantura > > ----- Original Message ----- > > From: Waluya > > To: [email protected] > > Sent: Friday, January 07, 2005 9:28 PM > > Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd: FW: > NEGARA-NEGARA ARAB CUEK SAJA?? > > > > > > Leres pisan Kang Asep, kacida pisan jelema > meunang musibah disebutkeun > > meunang azab (kutukan) ti Gusti nu maha Kawasa. > Ngan kang Asep, geuningan > > lain urang Arab wae nu nyarios kitu teh. Tadi > basa kuring jumaahan (kuring > > di Bandung), nu khotbah nyariosna ge kitu, ceug > cohagna mah keuna ku > > kutukan!. Teuing hate teh bet jadi nyeri, > mangnyerikeun ka Urang Aceh nu > > keuna musibah tapi ku dulur sabangsana disebut > meunang azab tinu Kawasa. > > Eta > > nu khotbah teh kang Asep, kuring wawuh, jeung > tadina mah kuring hormat > > pisan > > da ku nyantrina (manehna Doctor Ilmu Kimia) > jeung waktu kajadian di Aceh > > manehna pangsegutna ngumpulkeun bantuan. Tapi > tadi waktu kuring ngadenge > > khotbah manehna, rasa hormat kuring ngurangan. > Sabab ceuk kuring mah mere > > bantuan bari nyebutkeun kanu meunag musibah teh > meunang kutukan ti Allah > > Swt, kurang etis, sarua we lamun urang ngalongok > kanu gering, barang bere > > bari jeung nyebutkeun tah maneh teh gering > kulantaran di kutuk ku Gusti > > Alloh! > > > > Baktos, > > WALUYA > > > > > > > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard. > > http://promotions.yahoo.com/new_mail > __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more. http://info.mail.yahoo.com/mail_250 ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

