Kang Rachmat, kartunis Kompas, GM Sidharta ( Om Pasikom) tadina Katholik, ayeuna lebet Islam, malah sok ngeusi acara Ramadhan sagala. Di Kompas nu kuring kenal, salain Kang Agus Her, oge Ninok Leksono. Ninok baheula saangkatan jeung kuring ngan manehna mah asup Astronomi kuirng ka Fisika. Kulantaran sakola di Astronomi mah loba diajar fisikana, jadi sapopoena Ninok loba di jurusan Fisika. Tah tidinya kuring wawuh jeung Ninok teh, ngan teuing manehna ingeteun keneh henteu maklum saprak lulus, kuring teu kantos patepung lawung deui, ngan saukur maca manehna jadi wartawan Kompas jeung kawin jeung Karlina Supelli, adina Alex Supelli nu oge saangkatan jeung kuring ngan manehna mah nyokot jurusan Mesin. Keur tingkat hiji, kuring sering dibonceng ku motor ku Alex lamun pindah ruangan kuliah rada jauh. Ninok parantos haji, da lalakon jadi hajina ditulis di Kompas. Karlina mah sahandapeun kuring dua tahun, jadi teu kantos bareng kuliah tapi kuring apal ka manehna, da jiga Ninok ulukutek di jurusan Fisika.
Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Monday, January 10, 2005 10:39 AM Subject: Re: Kompas, Republika jeung Sabilli --->Re: [Urang Sunda] FPI,MMI,jrrd > > soal kompas, kuring oge boga dulur urang cirebon gawe > di kompas, tapi ayeuna tos pangsiun. Ngaranna T.D > Asmadi. Tadina kuring oge,nyangka ieu ngaran wartawan > teh aya "bau-bau" karesten, pastina ge T.D teh ngaran > baptis. Da enay atuh kuring oge dibejaan kompas teh ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

