Heula mana nya, Bogor atawa Buitenzorg? Aya beja cenah
yen ngaran Bogor teh asalna tina ngaran Buitenzorg,
siga ngaran Batawi tina ngaran Batavia.
AJ
--- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kamari teh memeh balik ti pagawean nyimpang heula
> ka pasar buku di Suci,
> pedah aya nu nawaran buku anyar, judulna Toponimi
> Kota Bogor, kabupaten
> Bogor jeung kota Depok.
> Nu ngarangna Bapa Eman Sulaeman pituin urang Bogor
> diterbitkeun ku Yayasan
> Hanjuang Bodas taun 2004.
> Keur Kota Bogor aya 40 entry, Kabupaten Bogor 21
> entry, nu pangsaeutikna
> kota Depok ngan 6 entry.
> Tina 40 entry keur Kota Bogor aya nu disebut Gang
> Pa Cilong, ieu gang teh
> duka teuing palebah mana (keur mah ka Bogor teh teu
> pati apal da kadinya
> ngan ukur saelol-saelol).
> Ceuk eta buku Pa Cilong teh juru pantun ( teu
> katangen sacara pasti naha
> anjeuna teh lolong atawa henteu), jadi juru pantun
> meunang guguru ti juru
> pantun Ki Bajurambeng nu asalna ti Jasinga.
> Pa Cilong lahir taun 1897, nu kungsi nyaksikeun
> kumaha leuweung pajajaran
> dina awal taun 19an dibabat, dibukbak dijadikeun
> lahan kebon (perkebunan) ku
> Walanda.
> Aya ucapan Pa Cilong ari waktu keur mantun Carita
> Ngadegna Dayeuh
> Pajajaran :
>
> "Tah didinya ku andika adegkeun eta dayeuh
> Laju ngaranan Bogor
> Sabab bogor teh hartina tunggul kawung
> Ari tunggul kawung.
> Emang ge euweuh hartina
> Euweuh soteh ceuk nu teu ngarti....jst."
>
> Ari pangna disebut Cilong ceuk sakaol eta teh
> sebutan ceuk bangsa Walanda
> nu teu bisa ngucapkeun "eu" tina Cileung, nu hartina
> bisa wae cingeus, ari
> ceuk sakaol deui eta teh wancahan tina
> "Anclak-inclik bari lolong" da enya
> juru pantun mah kalolobaanana lolong, dina
> panungtungan kahirupanana nya Pa
> Cilong nganjrek di gang anu ayeuna disebut Gang Pa
> Cilong.
> Dina ieu buku ge aya nu disebut daerah
> Lawanggintung, Rancamaya jste, ieu
> buku alus lamun dipiboga ku Urang Sunda, utamana
> keur urang Sunda nu mukim
> di Bogor.
> Ari keur daerah sejen geus aya encan buku samodel
> kieu..?
>
>
> MSasmita
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
The all-new My Yahoo! - What will yours do?
http://my.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/