BEULEUM JAER DI KONATIR Mun seug nyawang mangsa nu kaalaman dina poe Saptu kamari, duh.. moal kapopohokeun. Kaendahanana, nyangcang dina ati, ngancik dina sanubari..Matak waas..., mun ceuk urang Sukabumi mah, peureum kadeuleu beunta karasa....(sanes kitu, lodaya..!?) Teu rek kitu kumaha atuh dulur, botram raramean di sisi wahangan Nil, di tengah taman Konatir, dina kaayaan lapar nu pohara. Sangu pulen, beuleum jaer baradag, panas keneh, dibalur ku sambel cikur. Lalabna bonteng atah. Diuk sila nyanghareupan wahangan Nil nu caina ngampar. Belah katuhu, pamandangan arendah ; tatangkalan arariuh, jukut nu harejo. Angin nu mawa rasa seger, karasa pisan, rumayap kana pucuk tatangkalan nu aya di dinya. Sim kuring saparakanca, tiluwelas urang, indit ti Musadda teh mangsa pecat sawed. Dina hawa tiis nu nyecep. Maklum, Kairo usum tiris ayeuna teh. Ngahaja bebekelan rada rea ; jaer atah dalapan kilo, oge rupa-rupa opieun jeung sabangsaning bubuahan. Konatir ti Tahrir,puseur kota Kairo, dijugjug dina waktu sajam satengah. Eta teh mun naek parahu, mapay-mapay wahangan. Mun ku beus mah, teu kungsi satengah jam. Tinu tiluwelas urang, lolobana kakara naek parahu Konatir. "Ieu minangka pangalaman munggaran kangge abdi mah", ceuk salah sahiji sobat dalit nu make kupluk beureum, bari ngelepus udud bodas. Oh, paingan atuh, hate ngagerentes. Da eta geuning, kakara ge ningali mojang-mojang Mesir jaraplin luhureun parahu, barudak teh meni marolotot teu ngiceup-ngiceup, arolohok mata simeuteun. Salila luhureun parahu, hawa tiris karasa pisan. Awak ngahodhod, angin ngagelebug tarik naker. Tapi leuheung mun di hateup mah, bisa bari moyan, da cahya panonpoe karasa pisan. Antukna mah, barudak bolak balik, ciling cingcat kaluhur kahandap. Kuring diuk di handap, neuteup endahna pamandangan sapanjang wahangan. Pilemburan urang Mesir di peuntas atra katingali, najan kahalangan ku ngaplakna cai Nil atawa pakebonan nu ngampar. Ningali kaendahan model kitu, aya rasa nu sumarambah dina dada, rasa nu ayem, rasa nu tingtrim. Sanajan kitu, kuring teu kamalinaan kukaendahan. Remen kuring ningalian tumpukan kantong keresek hideung kolongeun korsi, nu eusina jaer atah tea, bisi leungit aya nu nyokot...
Musadda, 15 Syawal 1425 H ===== "....menjadi tua itu kepastian menjadi dewasa itu pilihan..." www.dedepermana.blogspot.com ________________________________________________________________________ Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now http://uk.messenger.yahoo.com/download/index.html ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

