Nuhun Kang Cecep info na...ditampi pisan.
Kang Cecep ari Bintan teh penghasil aspal tea sanes?
sareng eta murangkalih tos sakumaha ageungna?!...
 
 
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, January 25, 2005 5:14 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] Carpon

Teh Ineu..
nepangkeun heula ah, wasta sim kuring Cecep Wahyu pamasihan ti kadua Sepuh mah... ayeuna nuju damel di P. Bintan, sementawis linggih oge di Bintan, mernahna mah di Lobam.. saur urang Batam mah cenah Pedusunannana... status sim kuring single alias bujangan dinten Senen dugi ka Jumaah ti tabuh 7.00 dugikeun ka tabuh 17:00.. upami langkung ti jam eta.. berarti statusna gentos janten Ayah ti hiji budak awewe anu geulis ( bae dipuji da anak sorangan ieuh ) oge salaki ti istri oge karek hiji..heuheuheuheuheu...
 
Upami bade maos carita carita pondok ti Baraya urang di lembur ieu.. mangga wae toongan di www.urang-sunda.or.id oge aya biasa Keomna ti Juragan Keom kang Syam Ridwan.. sok matak seueul angen dimana maosna oge...
 
mangga ah lajengkeun..
 
Baktos
 
-----Original Message-----
From: Ineu Miasasra [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, January 25, 2005 4:00 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Carpon

Siap lah kang, 
kaleresan sadidinten abi hulang huleung wae ...
tos lami deui tara ngaos carita basa sunda...
hatur nuhun pisan....bade ngeureuyeuh wae ah....


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke