Hoyong ngasah otak ah.
Aya hal anu ku urang kedah diperhatoskeun.
Demokrasi jeung humanisme anu ayeuna diagul-agulkeun
teh, dadasarna pan tina praktek sapopoe anu kungsi
dilakonan ku sawatara bangsa, atawa sakalompok jalma.
Tina pangalaman eta terus dijieun katangtuan umum
pikeun jadi cecekelan. Kusabab dina praktekna teh
kawates ku ayana budaya, lingkungan satempat, anu boga
cirina masing-masing, tangtuna oge teu bisa persis
ngalaksanakeun demokrasi jeung humanisme siga anu
dilaksanakeun ku kampiun demokraasi (Amerika Serikat,
contona).
Dina ajaran Islam jelas aya ayat-ayat anu pakait kana
perkara Demokrasi jeung Humanisme. Ayat-ayat eta ti
Jaman Nabi nepi ka ayeuna tug nepi ka kiamat moal
bakal robah. Para sahabat Nabi ngalaksanakeun
demokrasi jeung humanisme, didasarkeun kana "tafsiran"
ayat-ayat anu aya di Alqur'an, di"sesuaikan" jeung
kaayaan dina danget harita. Naha praktek demokrasi
jeung humanisme anu dijalankeun ku para sahabat teh
identik jeung ajaran Islam?
Sigana faktor "Sikon" (situasi jeung kondisi) jaman
mangaruhan kana perkara mraktekeun demokrasi jeung
humanisme anu saluyu jeung ajaran Islam.
Punten upami ngacapruk teu nyambung jeung jejer anu
dupedar kang Asep.
baktos,
mrachmatrawyani
--- asep juarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Nya ceuk nu ngagem agama Isalam mah tangtuna Islam
> teh
> ideologi, sakumaha definisi kadua anu diseratkeun ku
> Kang Tantan.
>
> Aya dua perkara nu ceuk kuring mah masih keneh perlu
> ditalungtik jeung didefinisikeun: Islam jeung
> Demokrasi, Islam jeung Humanisme.
>
> Islam jeung Demokrasi
> ---------------------
__________________________________
Do you Yahoo!?
All your favorites on one personal page � Try My Yahoo!
http://my.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Give underprivileged students the materials they need to learn.
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/