salah satujuh ciri hiji masyarakat, dimana bae ayana, nu modern atawa
primitif, eta, ayana hiji sistem kapercayaan kanu Kawasa. sanajan
istilahna beda. agama jeung kapercayaan rada dempet atawa 'sarua' eta-eta
keneh. bedana, cenah, agama kaitung leuwih lengkep, utamana mun ngilikan
'saratna' hiji agama.

definisi agama, nu diantarana make cara timur tengah, tempat lahirna tilu
agama gede, yahudi, karesten jeung islam. sarat sahna hiji agama, nya eta,
 boga nabi salaku nu nepikeun, oge boga kitab suci salaku sumber ajaran.

aya oge nu keukeuh agama beda jeung ad Dien basa arab. ceuk cenah, agama
teh ti A = henteu, gama= kacaw. hehe. basa inggrisna mah meureun religion.

kamari pere taun baru itungan kalender dua agama, imlek pikeun kong hu cu,
hijrah pikeun Islam. kamari2 aya taun baru Sunda januari aya taun baru
masehi nu jadi kalender nasrani jeung kalender nasinal di urang. sanajan
cenah mayoritas di urang Islam, tapi kalenderna make masehi, nu ngurus
soal darurat lain bulan sabit merah, tapi palang merah. pangna kitu, nya
da urang teu boga agama nagara siga batur, nu hiji. di urang kabeh agama
diaku, contona nya diperekeun poe2 khususna.

nya, sabenerna mah, agama jeung kapercayaan teh rada deukeut jeung eta-eta
keneh. ngan meureun pedah teu aya buku suci atawa nabi, jadi agama
tradisional hiji seler, disebutna kapercayaan, da ari agama mah, boga nabi
jeung kitab suci tea.

mun nilik ka batur, di jepang aya shinto, di cina aya kong hu cu, di india
aya hindu jeung budha, nya eta bukti yen unggal masyarakat boga ageman
sewang-sewangan. kabehna oge papada boga dadasar nu sarua, mistis atawa
aya unsur spiritualna.

sababaraha agama meh kabeh boga ciri-ciri nu sarua, aya berkurban. gening
dina tv sok aya hiji masyarakat primitif ngurbankeun parawan atawa sato ka
hiji kawah atawa sumur seuneu. di agama sejen oge aya. kitu deui ibadah
atawa nu sipatna meditasi, semedi, tapa. kaasup tanda asupna hiji jelema
kana hiji agama/kapercayaan -inisiasi tea. aya nu dibaptis, dimandikeun,
aya nu disunatan-maca sumpah/janji/sahadat, jeung sajabana. eta kabeh
upacara ritual masing-masing agama.

sarua, masing-masing baroga poe suci saperti hari raya, oge tempat suci
paranti ibadah. masjid, gereja, kuil, pura, jsb.

ieu mah ngan ukur ngacapruk

mj

http://geocities.com/mangjamal




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke