Nu jadi panineungan kana kolong teh nyaeta kolong golodog anu pernah dipayuneun bumi. Kolong golodog sok dipake panyumputan barudak anu keur ucing-ucingan.
Kadang kolong golodog oge sok dipake imah imahan umumna ku barudak awewe bari neangan liang undur-undur. Mun teu manggih liangna, sok nyieun sorangan ku jalan, taneuh kolong digundukeun terus diteueulkeun ku siku, cer weh dibanjur ku cai alami tapi bau. Boa-boa mun aya keneh dikieuna, kolong golodog teh dipake tempat alternatif bobogohan ku para nonoman ayeuna, salian aman, nyaman, oge haratis...he he. Enya da poekna mah sarua jeung di Bioskop. Hanjakal kiwari mah jarang manggih. Mun aya kolong enya sok aya conggang, eta ge mun palupuhna teu nganggo lampit. Biasana anu teu dilampitan teh bagian dapur. Kolong dapur sok ngahaja handapna ditundaan lebu atawa huut, gunana pikeun nampung cai anu sok ngajoloro tengah peuting atawa janari ngaliwatan conggang. Bauna has, mun teu bau jengkol nya bau hangseur. Matak dilebuan ge cenah pikeun nyegah sangkan bauna teu nyebar jeung deui mun tumpukan lebu geus rea sok diunjal kakebon pikeun gemuk, gaganti gemuk orea atawa tsp. Ma'lum harita masih keneh bau cikur, inget inget poho kana kolong teh. Ayeuna mah geus bau jaringao ( bau 7 rupa kitu) paling paling mun nyebut kolong teh, mun teu kolong ranjang, kolong jambatan, anak kolong atawa nyebut kieu " eta kolong dina liang irung mani sagede ketuk. Peun! SR ----- Original Message ----- From: Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Wednesday, March 02, 2005 2:53 PM Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] noong ka kolong > Sami Akang2, tong boroning anu tos mangpuluh2 taun, dalah abdi nu > masih keneh atah adol (ageung taun 80-90an) wararaas nyawang > kapengker. Harita mah raraosan waktos teh asa panjang sareng teu > ngudag2 cara ayeuna. Salah sawios kasang tukangna mah komersialisasi > internet sareng email di taun 90-an ieu teh. Janten gampil stress > gara2 diudag2 waktu sareng kahoyong heuheu ... > > Tapi nu namina palupuh sareng kolong mah masih apal sanaos rompok di > lembur henteu aya kolongan oge :) > > yudi ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

