heuheuy... kakaraeun pinter euy...
 
keur peuting ge ningali berita di Metro TV, LSM2 di malaysia protes ka kedutaan RI,
cenah demo di Indonesia kaleuleuwihi make jeung ngadurukan bendera sagala,
jeung TNI kaleuleuwihi oge dina ngirimkeun tentarana ka ambalat,
padahal mah naha lain protes ka pemerintahan malaysiana, kunaon bet ngaganggu kadaulatan RI,
jeung anu manghanjelukanana, eta Mas Rusdiharjo bet menta hampura sagala,
lain dibalikeun... da bongan kituh pamarentahan maneh ngaganggu RI...
 
ceuk uing nu belegug mah... wajar nu daremo ngalakukeun siga kitu, sakitu mah masih aya toleransina,
masih untung ngadurukan bendera, teu nepikeun ka nganiaya warga malaysia nu aya di indonesia...
sanajan sarua nagara serumpun atawa nu loba islamna ge, da ari geus ngaku2 hak batur mah kudu dilawan,
ngan mun seg jadi perang.... kumaha jeung Siti Nurhalizana nya...?? Manglebarkeun euy... hehehe...
 
ceuk dina hadist oge... diantara tanda2 kahancuran islam teh nyaeta Cinta Harta jeung Sieun Paeh,
malaysia cinta harta... da di ambalat aya sumber minyak anu miliaran barel,
palestina dikakaya ku israel... aya teu nagara islam nu mantuan..?? da sarieun paeh tea...
 
duka ketang... da eta mah ceuk uing nu bodo..
 
Panzi
 
----- Original Message -----

 
Wilujeng Enjing kang Tatang,
muhun abdi sapagodos perkawis ku saladarna terus ku ademna rahayat di Malaysia.. mung ari pamendak abdi pribadi mah panginten yeuh sareng nu karaos ku sim kuring ieu mah...
wajar manehannana anteng oge, da manehanana anu ngaganggu nagara batur, tah rahayat urang anu ngarasa kaganggu hakna... pasti ngamuk,
contokeun ka budak leutik wae lah, gaduh cocooan dua, babaturannana ngan gaduh hiji..tah cocooan anu hiji deui teh dicandak ku si babaturanna eta, ateuh pasti teu narima da maen rebut tea..tungtungna nya pasea.. punten wae dicontokeun jeung budak, da ari kolotmah meun marebutkeun cocooan teh da benten hartosna heheheee... taroskeun wae ka Kang Panzi van Batam oge kang Toni van Cibitung..
 
punten ah, ngacapruk..... :p
 
Baktosna,
 
* Kang Tatang namina hampir sami sareng pun bapak, mung pun Bapak namina Tatang Suherman
-----Original Message-----
From: Tatang Sariman [mailto:[EMAIL PROTECTED]


Cep Wahyu, kuring nimbrung oge yeuh; leres pisan eta teh sakumaha wartos ti wargi2 anu jalan2 ka Msia. Kuring tos lima tahun di Msia, estuning perkara Ambalat, malih Ligitan oge, rahayatna teu hareng-heng kawas di urang. Jigahna saribuk sareng saladar masalah moal beres ku demo. Malah Demo kaleuleuwihan sapertos ngaduruk bandera sagala pangaruhna tamiang melit kabitis???Citra urang Indon malah kirang sae, pamohalan investor daraek ngamodalan usaha2 kanggo ngirangan anu ngalanggur teu cepeng damel. Cah heula, wasalam


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke