Perkawis Ambalat pangemut abdi mah kedah atos2 nyikepana, ulah sakaba-kaba. Aya sababaraha analisis ti milis tatanggi nu tiasa dijantenkeun pertimbangan.
Kahiji, isu Ambalat dijantenkeun isu gede ku Pamarentah Indonesia jeung sabagean urang Indo, da di Malaysia mah hare2 wae (contona seratan Kang Tatan atanapi seratan Adrian Husaini di Republika). Aya ku pas waktuna jeung naekna BBM, beu meni kasirep eta isu BBM. Dihaja? duka ah moal wawantunan nyimpulkeun. Kadua, aya kapentingan lian nu merlukeun Indo jeung Malaya ribut. Diantarana: kapentingan pausahaan2 minyak gede Inggris (Shell) jeung USA (UNOCAL kitu?) keur ngarebutkeun Ambalat. Kaduana, kaperluan pausahaan2 nu nyieun sanjata perang (Malay meuli ka Inggris, Indo ka USA). Mun aya nagara nu perang tangtu sanjata jeung peluru laku. Katiluna, kapentingan politis ideologis. Ah asa ku kabeneran mun Indo jeung Malay ribut, bangsa2na moal maju angger we jadi "nagara Berkembang" nu ngan ukur miharep bantuan (baca "hutang") ti "nagara Maju" (liwat rentenir IMF) ukur pikeun hirup sapopoe padahal alamna sakitu jembarna. Kaduana, teu kudu hariwang Malindo jadi sadulur jeung jadi kakuatan ideologis (dina hal ieu agama Islam) da rahayatna oge teu alakur. Katiluna, sukur mun bisa nyieun pangkalan militer di Selat Malaka pikeun ngontrol Asia Tenggara. Tah, ku ayana pikiran kitu, asa era Urang Malaya nu teu kapancing ku kalakuan urang (introspeksi). Beda jeung urang, nu gampang iigelan ku kendang batur. Lain ku ngarelakeun Ambalat direbut ku Malaya, ngan pan baheula Indo teh jago diplomasi (Agus Salim, Mohd Hatta Dr. Sudarsono, Sutan Sjahrir jrrd), moalenya ayeuna geta sarupateun? Ngobrol dong! Ngobrol! heuheu baktos Yudi --- In [email protected], "@@ Ifan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > heuheuy... kakaraeun pinter euy... > > keur peuting ge ningali berita di Metro TV, LSM2 di malaysia protes ka kedutaan RI, cenah demo di Indonesia kaleuleuwihi make jeung ngadurukan bendera sagala, jeung TNI kaleuleuwihi oge dina ngirimkeun tentarana ka ambalat, padahal mah naha lain protes ka pemerintahan malaysiana, kunaon bet ngaganggu kadaulatan RI, > jeung anu manghanjelukanana, eta Mas Rusdiharjo bet menta hampura sagala, lain dibalikeun... da bongan kituh pamarentahan maneh ngaganggu RI... > > ceuk uing nu belegug mah... wajar nu daremo ngalakukeun siga kitu, sakitu mah masih aya toleransina, masih untung ngadurukan bendera, teu nepikeun ka nganiaya warga malaysia nu aya di indonesia...sanajan sarua nagara serumpun atawa nu loba islamna ge, da ari geus ngaku2 hak batur mah kudu dilawan, ngan mun seg jadi perang.... kumaha jeung Siti Nurhalizana nya...?? Manglebarkeun euy... hehehe... > > ceuk dina hadist oge... diantara tanda2 kahancuran islam teh nyaeta Cinta Harta jeung Sieun Paeh, malaysia cinta harta... da di ambalat aya sumber minyak anu miliaran barel, palestina dikakaya ku israel... aya teu nagara islam nu mantuan..?? da sarieun paeh tea... > > duka ketang... da eta mah ceuk uing nu bodo.. > > Panzi ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

