Baraya, Geuning rame noong BATAK teh nya. Upama dibandingkeun sareng noong JAWA sareng MINANG, jigana noong BATAK leuwih punjul dina hal jumlah respon oge ruang lingkupna.
Kumaha upama ayeuna urang teruskeun kana noong CINA. Cik, numutkeun pamanggih, pangalaman, panitenan, pangrasa, sarta panyawang baraya, naon kira-kira KAUNGGULAN urang CINA. Enya kaunggulana we utamana mah, keun wae kakurangan mah teu ditoong oge. Kunaon make noong CINA? Pedah eta we, najan lain seler asli Indonesia, jigana campur gaul US jeung CINA leuwih teleb dibandingkeun campur gaul jeung seler lain. Geura mangga wae titenan, ti mimiti urusan kadaharan US, papakean US, tutumpakan US, beubeulian US, jeung sajabana apan teu jauh jeung urang CINA. Naon kaunggulan CINA? Kuring kungsi ngobrol jeung urang Malayu perkara CINA, cenah sabenerna CINA teh teu pinter-pinter dibandingkeun jeung seler sejen, ngan manehna leuwih ulet jeung rajin. Kuring oge kungsi boga balad Cina jaman keur sakola baheula. Enya, ku rajin-rajina dina mangsa ujian, eta eusi skripsi nepi ka ngolotok apal cangkem, nepi ka titik komana. Tah upama ceuk panyawang baraya sadaya, naon kira-kira kaunggulan CINA anu pantes dijadikeun pieunteungeun pikeun US? Salam, MH ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Small Business - Try our new resources site! http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

