Geus aya ti karuhun meureun seler cina mah kahirupanana teh teu jauh ti
dagang jeung bisnis, pek we mun  aya ruko anyar pasti nu bogana rereana
seler cina. Najan toko sabeulah ngajual barang nu sarupa, tara ieuh buad
baeud, malah sok ngahaja ngumpul ngaderet, mun ditoko manehna kaparengan
barang anu ditanyakeun ku pembeli keur kosong sok ngojengkang ka sabeulah
atawa nelepon mun rada anggang. Masalah harga saragam, malah mun urang nawar
rada pangkreng sok ngaluarkeun jurus pamungkasna. "Kalo gak percaya, tanya
dah toko sebelah !"

Beda deui jeung US, mun US ngawarung heug tatanggana ngawarung nu sarupa. Da
eta mah siga musuh gerot we. "Dipurulukan meunyan siah !" meh teu laku. Beu
!
Tah eta salahsahiji kaunggulan seler cina nu kudu diconto kuurang. Aya deui
ketah, tokona unggal poe sok buka, tutup tutup mun lebaran cina ( sincia ),
lebaran urang atawa keur agustusan. Hiji deui, nu pernah katiten mun
nanyakeun barang heug euweuh ditokona sok langsung dicatet. Palayan
paforitna "wanoja sunda" alesana keur mikat nu balanja saratna rupa
ngagencoy, basa darehdeh, seuri kareueut. Nu tadina ngan ukur nanyakeun
wungkul, ningali palayan aduhai,kapaksa kurah koreh eusi dompet.

Tadina mah moal diuar uar nu kieu mah ngan sok geretek ateul. Sakapeung mun
balanja di toko cina, samemeh dijieunkeun bon teh sok nanyakeun heula " Bade
dibukakeun sabaraha ?"
SR

----- Original Message -----
From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] US noong CINA
> Kumaha upama ayeuna urang teruskeun kana noong CINA.
> Cik, numutkeun pamanggih, pangalaman, panitenan,
> pangrasa, sarta panyawang baraya, naon kira-kira
> KAUNGGULAN urang CINA. Enya kaunggulana we utamana
> mah, keun wae kakurangan mah teu ditoong oge.
> Salam,
> MH



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke