Urang Cina? hehehehe dimana-mana eta mah aya. Di lembur kuring, di Cimalaka aya toko bogana Babah Ceng Bie. Tokona teh komplit pisan. Ari di kota Sumedang mah puguh deui. Tahu Sumedang lolobana boga cina, da memang kapungkurna kadaharan meunang urang Cina. Ieu panginten salah sahiji jasa urang Cina ka urang Sumedang, nyebarkeun kabisa nyieun tahu ka urang Sumedang pribumi, dugi ka urang sumedang pribumi seueur anu gaduh kaahlian ngadamel tahu, nyebar kamana-mana jadi tukang tahu.
Geus sakola ka Bandung, kuring loba babaturan Cina, jurusan fisika di kampus jl. ganesha, keur jaman kuring mah loba cinana, ampir 40%. Aya nu pinter, aya nu biasa wae jiga kuring aya oge anu "DO" teu kuat, kaluar deui. Tapi lolobana mah nu palinter. Pembingbing kuring sorangan, Cina, Dr. Tjia May On (ayeuna parantos Professor, bade pangsiun). Manehna lamun nulis aran sok dibalikeun jadi M.O Tjia, sok dihareureuykeun pa Tjia lebet Islam, jadi Mohammad Oman Tjia ......hehehehe. Pa Tjia bageur pisan, jeung lamun ngajar, mani terstruktur, buku catetan kuliah jiga buku text, kumplit judulna, bab jeung fasal, ayeuna oge buku catetan kuliah Pak Tjia masih aya di kuring. Babaturan kuring anu geus lalulus, lolobana digarawe di bagian keuangan (dasar Cina, sanajan kuliah di fisika, ari digawe mah tetep we kudu deukeut jeung duit). Tapi aya oge nu naluluykeun sakola di luar nagari, tapi teu baralik deui, caricing we diditu. Batur sakantor kuring oge, aya Cina tiluan. Dua urang saalumni jeung kuring, ngan geus senior pisan, nu saurang deui insinyur sipil ti Unpar (basa Sundana alus pisan). Nu saurang mah Cina nu asalna ti Ciawigebang Kuningan. Jeung dua Cina nu saalumni jeung kuring, kuring nyobat, teuing pedah kuring oge rada jiga Cina, teuing pedah saalumni atawa pedah kuring baheula dibingbing ku Cina. Nu urang Ciawigebang mah ka kuring teh sok nyebut wae "menak Sumedang" pedah kuring urang Sumedang. Sok dicarek, da kuring mah turunan cacah sanajan ti Sumedang oge, hih ....keukeuh we nyebut kitu. Ngan nyebutna teh sok aya tungtungna, "menak sumedang tapi kurang kawani" cenah. Teuing naon maksudna, duka pedah kuring tara loba omong meureun. Ku kuring oge maranehna sok diledek, maranehna cina nu teu bisa dagang, jadi weh ....."omar bakrie" alias pagawe negeri ....hehehehe. Tapi sanajan jadi PNS, anak-anak maranehna sarakola di luar negeri, di Amerika. DItulungan ku dulur cenah, anu jadi pangusaha. Ceuk kuring mah, urang Cina lamun digawe, sok serieus tara satengah- tengah. DIgawe nu positif oge anu negatif. Lamun jadi dosen, teu tanggung-tanggung jadi dosen anu pinter. Lamun dagang, serieus kudu gede untungna. Lamun jadi .........(naon nya?) serius oge, malingna oge henteu tanggung-tanggung triliyunan ...... Baktos, WALUYA --- In [email protected], "syam ridwan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Geus aya ti karuhun meureun seler cina mah kahirupanana teh teu jauh ti > dagang jeung bisnis, pek we mun aya ruko anyar pasti nu bogana rereana > seler cina. Najan toko sabeulah ngajual barang nu sarupa, tara ieuh buad > baeud, malah sok ngahaja ngumpul ngaderet, mun ditoko manehna kaparengan > barang anu ditanyakeun ku pembeli keur kosong sok ngojengkang ka sabeulah > atawa nelepon mun rada anggang. Masalah harga saragam, malah mun urang nawar > rada pangkreng sok ngaluarkeun jurus pamungkasna. "Kalo gak percaya, tanya > dah toko sebelah !" > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

