Kuring oge puguh rada aneh suraneh nengetan padungdengan basa Sunda teh. Ngan catetan, pangpangna mah perkara kahelok kuring ka papada baraya US. Nalika urang diajar basa deungeun, naon wae rek Inggris, Walanda, Arab, Jepang jeung sajabana, jigana teu pernah ngamasalahkeun perkara aturan kabasaan. Boh gramatika, oge sintaksisna. Ditarurut we, sakumaha kaedah-kaedah nu aya. Malah diajar basa Jepang, daraek we diajar nulis make aksara jiga rokrak pasiksak oge. Ari palebah diajar basa sorangan, hayoh pahibut masalah undak usuk basa sagala rupa. Padahal jigana, nu leuwih payus jadi padungdengan teh, naon nu geus bisa dihasilkeun ku urang ku cara migunakeun basa Sunda.
Salam, MH --- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tapi ari ceuk kuring mah aya cara berpikir anu teu > logis jeung perlu dikoreksi. > > Naha aya jaminan lamun basa sunda anu dipake ku US > basa sunda anu loma atawa sunda kasar, bakal loba > urang sunda anu bakal make basa eta? Naha enya basa > anu dimamanis (eufemisme) jalma nu makena jadi > munafik? naha lamun basa sunda kacampuran atawa > kapangaruhan ku basa sejen, jadi teu aya hargana > atawa ijid? > > Pasualan bahasa, sigana masalah anu teu sagawayah, > aya aspek-aspek filosofis jeung psikologis. > Lamun ningali sajarah dipakena basa Indonesia anu > tadina tina basa malayu jadi basa nasional, cenah > mah sabab basana komunikatif. Lamun ngan ngandelkeun > kana komunikatif mah, geus wae atuh basa Indonesia > teh diganti jadi basa betawi, pan leuwih komunikatif > lin, sabab unggal poe dipake dina acara tivi, teu > kudu make teksbooks atawa maca pedoman Pemakaian > Bahasa Indonesia sagala, tulisanana Yus Badudu atawa > Gorys Keraf. Sok lamun basa Sunda siga kitu kumaha > tah? > > mrachmatrawyani ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Small Business - Try our new resources site! http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

