Tah cara atawa model anu didadarkeun ku Kang Hasan cenah cara diajar hiji basa anu pang-efektif-na teh. Sigana cara anu kitu bisa diibaratkeun -nuturkeun istilah trend dina program computer- mah : diajar basa "on demand" tea. Kacondongan "on demand" ayeuna geus nyaliara kana konsep "pemasaran" (marketing) sagala rupa.
 
Salah surang inohong US anu kungsi jadi asisten mata kuliah retorika nalika nuju nyuprih elmu di Univ. Ilinois, Amerika (US meujeuhna oge reueus, salah saurang wargana kungsi jadi assisten retorika di hiji paguron kawentar di luar nagreg), kungsi nyaritakeun, kunaon sababna urang Indonesia, khususna, hese kacida diajar basa Inggris (umumna basa-basa asing). Saurna, sabab ti leuleutik urang diajar basa ku cara anu kacida pikasusaheunana: ngapalkeun grammar alias tata basa bari teu patin loba prak migunakeun basa anu diperlukeun sapopoe kalayan simulasi, upamana.
 
Diajar basa "on demand" teu kudu apal pisan atawa apal cangkem aturan grammar (undak-usuk basa), tapi upama diperlukeun dina tiap kajadian jeung kaayaan, si murid bisa ngucapkeun kalimah anu pas, anu memang sakuduna diucapkeun dina kaayaan sarupa kitu. Jadi, sigana dina diajar model kieu mah lolobana teh praktek, nyaeta praktek migunakeun kalimah-kalimah anu geus meunang meungkeutan (atawa defaultna jeung conto mekarkeunana) sakumaha kuduna, dina waktu jeung situasi anu pas migunakeunana. 
 
Sigana ayeuna waktuna ngalobaan metode migunakeun/ cara diajar basa sarupa kitu, kaasup basa Sunda. Hanca "buku" Kang MH jeung dulur-dulur sadayana bisa jadi pangbaladah ieu udagan.
 
manAR 

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring oge puguh rada aneh suraneh nengetan
padungdengan basa Sunda teh. Ngan catetan, pangpangna
mah perkara kahelok kuring ka papada baraya US. Nalika
urang diajar basa deungeun, naon wae rek Inggris,
Walanda, Arab, Jepang jeung sajabana, jigana teu
pernah ngamasalahkeun perkara aturan kabasaan. Boh
gramatika, oge sintaksisna. Ditarurut we, sakumaha
kaedah-kaedah nu aya. Malah diajar basa Jepang, daraek
we diajar nulis make aksara jiga rokrak pasiksak oge.
Ari palebah diajar basa sorangan, hayoh pahibut
masalah undak usuk basa sagala rupa. Padahal jigana,
nu leuwih payus jadi padungdengan teh, naon nu geus
bisa dihasilkeun ku urang ku cara migunakeun basa
Sunda.

Salam,
MH

--- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Tapi ari ceuk kuring mah aya cara berpikir anu teu
> logis jeung perlu dikoreksi.
>
> Naha aya jaminan lamun basa sunda anu dipake ku US
> basa sunda anu loma atawa sunda kasar, bakal loba
> urang sunda anu bakal make basa eta? Naha enya basa
> anu  dimamanis (eufemisme) jalma nu makena jadi
> munafik? naha lamun basa sunda kacampuran atawa
> kapangaruhan ku basa sejen, jadi teu aya hargana
> atawa ijid?
>
> Pasualan bahasa, sigana masalah anu teu sagawayah,
> aya aspek-aspek filosofis jeung psikologis.
> Lamun ningali sajarah dipakena basa Indonesia anu
> tadina tina basa malayu jadi basa nasional, cenah
> mah sabab basana komunikatif. Lamun ngan ngandelkeun
> kana komunikatif mah, geus wae atuh basa Indonesia
> teh diganti jadi basa betawi, pan leuwih komunikatif
> lin, sabab unggal poe dipake dina acara tivi, teu
> kudu make teksbooks atawa maca pedoman Pemakaian
> Bahasa Indonesia sagala, tulisanana Yus Badudu atawa

> Gorys Keraf. Sok lamun basa Sunda siga kitu kumaha
> tah?
>
> mrachmatrawyani


=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


           
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.




Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke