*************************
Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Kalayan nyebat asmana Alloh!

Haturan Baraya lembut!

Hancaan teh satemena aya dua, Kasepuhan sareng Poesaka
Soenda. Satemenna sim kuring asa kayungyun pikeun
ngaji  Kasepuhan teh. Satadina mah Kasepuhan teh
sakaca-sakaca urang kintunkeun bae ka babakan, keun
pikeun diaduronyemkeun ku baraya dina sawatara waktu
mah, ke dina waktuna guaran hiji kaca eta teh karaos
cekap, urang cindekkeun bae kaca nu dipadungdengkeun
teh pikeun nutup padungdengan tea. Terusna rengse hiji
kaca eta urang kintun keun deui ka babakan kaca nu
salajengna der diaduronyemkeun deui. Kitu bae
salawasna tug ka akhir kaca 39. 

Baraya heuleut sawatara minggon mah Layang Kasepuhan
teh urang simpen heulaanan, ayeuna mah urang
badamikeun bae kumaha ngokolakeun ("digitalisasi")
Poesaka Soenda.

Alhamdulillah, PS (Poesaka Soenda) pangbagea Kang
Ganjar teh parantos katampi kalayan lengkep dina
dinten Minggu sonten kamari. Aya kana 9 bebedna
kintunan ti Kang Ganjar teh, kirang langkungna aya
kana 1.000 kaca.
Sim kuring enjingna pisan langsung nalipung Kang
Ganjar, enya, salian nganuhunkeun kanggo kajembaran
anjeuna oge ngauninakeun rehna kintunan tea teh
parantos katampi.

Baraya, ditilik sakilatan mah, PS teh sarupaning
majalah nu medalna sasasih sakali, munggarana PS
kintunan Kang Ganjar teh, ti sasih Juli 1922 tug na ka
Oktober 1927. Eusining PS dina tiap medalna teh remen
pisan unak-unikna, aya nu ngaguar kakawihan,
tetembangan, sajarah, wawacan, pupuh, jrrd. 
Ningan ieu PS teh teu salah di sebut Poesaka, da nu
dipedar di eta PS teh teu salah deui mangrupakeun
Kasundaan. Enya! pusaka pikeun Ki Sunda nu perelu di
lerepkeuneun di sajeroning lelembutannana.

Kukituna Sim Kuring neda panimu ti balarea baraya
babakan pikeun ngalajuningkeun hancaan kapayunna ieu
Poesaka teh. Aya dua patarosan ti sim kuring :

1. Alhamdulillah, PS teh parantos di gandakeun
("duplikasi") deui ku sim kuring, kantun diiket
("binding") nu tadina 9 bebed (kintunan ti Kang
Ganjar) sejana dijantenkeun 6 bebed ku sim kuring
(sabebed disataunkeun medalna PS).
Paniatana mah, insya alloh kopian PS nu ti sim kuring
teh sejana dikintunkeun ka lemah cai. Tah pamendak
kuring mah samentawis ieu, PS teh saena mah dikintun
keun ka YP (Yayasan Perceka) bae. 
Tah, dupi pamendak ti baraya saena kumaha?

2. Nga"digitalisasi"keun ieu PS teh, satemena hancaan
urang nu saterasna, nu insya alloh baris dilumakukeun
ku cara ngintunkeunana ka babakan.
Kasauran Kang Ganjar ngalangkung talipun harita,
kumaha   upami ngintunkeun PS ka babakan teh dina
bangun kolompok-kolompok, saperti kolompok wawacan,
sajarah, tembang, jrrd, nu di ringkelkeun ti tiap-tiap
medalna PS nu sasasih sakali tea ("dikompilasi" basa
koboyna mah). Nu lianna aya oge pamendak teh, kumaha
upami PS teh dikintunkeun ka babakan ku cara saminggon
sakali dina bangun medal na PS (samisal PS edisi 1
sasih Juli 1922 di kintunkeun ka babakan minggon
payun, edisi 2 sasih Agustus 1992 dikintunkeun deui
minggon payunna.... teras bae salawasna kitu tug ka
rengsena PS nu edisi 10 sasih Oktober 1927).

Tah kitu baraya!, kumaha ateuh panimu baraya? 

Pamugi salamet,

-pun adi-
*****************






__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke