|
Ari ningal info ti kang Waluya mah, asa ngenes nya
ari urang teh aya di nagara naon atuh? da raraosan mah saurna teh mayoritas
islam. Tapi da kumaha atuh saur Kang Nana ge geuning aya aparatna nu tiasa di
sarogok kitu.
Teras ari judi kedah dikumahakeun? Judi mah teu
kedah dikumaha-kumaha keun da eta tos jelas meureun haramna teh.
Tapi mudah-mudahan jadi teu alit manah
lamun
ngemutan saur nu ti PKS kutan ngarengsekeun
kahirupan dunya teh teu kedah "talbisul haq bil bathil" urang "ber amal
jama'i melalui Bina Pribadi Islami, Bina Keluarga Islami, Bina Masyarakat
Islami" teras urang rojong nu ayeuna keur diperjuangkeun ku kulawarga urang ti
HTI deg adegkeun khilafah kitu panginten. Mudah-mudahan lamun kitu moal
aya masalah nu kararieu (ngalamun iyeu mah .. benten panginten kondisi
nagara lamun pak Karno nganepatan janji ka Daud Beureuh sareng ka
Kartosuwiryo).
Punten ngiringan hungkul,
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, March 30, 2005 1:07
PM
Subject: [Urang Sunda] Jaman geus robah
--> Re: Ali Sadikin: Demi Judi, Saya Rela Masuk Neraka
Teh Nia, judi ageung-ageungan di Jakarta, saleresna mah
ayeuna oge masih aya, malah langkung ageung ti keur di jaman Ali Sadikin
marentah. Teras soal maksiat, aya buku "Jakarta Undercover" nu
nyarioskeun kahirupan malem di Jakarta. Judi nu ageung, ceuk cenah
dilakukeun ku nu baleunghar (utamina mah Cina) nganggo sagala cara.
Salah sahijina nganggo Kapal pesiar. Seueur iklan na koran, pesiar ka
Singapur nganggo kapal pesiar. Tah dina kapal pesiar ieu judi jiga di
Las Vegas atawa jiga di Malaysia (naon geuning nami tempatna teh Ki
Hasan?) dilakukeun, waktu kapal pesiar aya di perairan internasional
(langkung ti 200 mil ti pantai), di perairan ieu, hukum indonesia,
henteu berlaku. Kapal pesiar ieu ukur pura-pura jadi kapal pesiar
padahal kamufalse keur perjudian.
Di nagara tatangga urang aya
tempat perjudian anu ageung, jiga di Malaysia jeung di P. Chrimach
Australia (kiduleun Pelabuhan Ratu) sajam hiber ti Jakarta. Saha anu
jarudi didinya? urang Indonesia!. Urang Indonesia nu baleunghar resep
judi, parantos rahasia umum jeung jadi sumber pendapatan kompleks
perjudian nagara tatangga. Nu baleunghar di Indonesia, moal tiasa
dilarang kangge judi, da tinggal hiber we ka nagara tatangga, der weh
meakeun duit didinya, malah kapungkur aya wartos putra presiden wae dugi
ka seseepan di Las Vegas, teras ditewak pulisi. Artosna? kenging nyandak
ti Indonesia mirip jeung sheik-sheik Arab nu nyandakan artos ladang
minyak, dianggo judi di Las Vegas. Tah ku alesan ieu panginten kunaon Bang
Ali satuju upami perjudian di Indonesia dilegalisir, supaya artos
penjudi teh tetep aya di Indonesia ulah jadi devisa nagara batur.
Kapungkur anjeunna ngadamel tempat judi nu dilokalisir. Harita oge
seueur nu nentang, tapi jawab anjeunna :" Lamun haram, nya entong asup
kadinya!.
Janten analogina sapertos daging babi anu henteu dilarang
diical- galeuhkeun di Indonesia. Umat Muslim tantosna oge moal meser daging
eta, da haram. Sapertos Judi anu dipajeg ku nagara, ical galeuh daging
babi oge, tetep keuna pajeg keur nagara. Janten nagara urang teh tetep
nampi artos tinu "haram-haram" ieu, sanes tina judi wae.
Ah tos sakieu,
ngiringan ngacaprux.
WALUYA
--- In
[email protected], "Nia Sri Winiarsih" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote: > Muhun memang seorang pamimpin teh kudu/wajib
berkorban...sae pisan bahkan salut upami pamimpin wani berkorban sampai
masuk naraka gara2 memperjuangkeun rakyatna. > > Tapi
memperjuangkeun judi, kinten2 salain pamimpin eta anu asup naraka , saha
deui anu bakal asup ka naraka?...yakin mung eta pamimpin anu asup ka
naraka teh?wallohualam..najan abdi dosana agueng oge ari kedah nantang2
masuk neraka mah alim komo pikeun ngarojong judi mah embung ... >
> Kantos kapungkur sakilas membaca membakar surga menyiram
neraka...leres kitu..semacam itulah...tetapi utk menegakkan judi? apa
cukup pantas ? risikona teu terlalu ageung? judi ok, lalu pelacuran
maju oge mabuk2an ..terakhirna narkoba. > > Upami judi mung
di tujukeun ka etnis cina wungkul, bisa penjudi2 miskin itu terima? naha
cenah nagara2 dewek, cina kaci judi dewek tidak? boro2 di persilahkan ,
dilarang oge maceuh boh keur nu miskin oge anu beunghar. > >
Meureun bade jakarta teh bade nyontoh las vegas...tapi beda panginten
pamendak abdi anu bodo mah, di urang tidak pantas seperti itu teh, judi,
obat2an, wanita2 satengah talanjang...moal jauh ti kitu engke teh
panginten. Ayeuna awal2 mungkin masih tiasa di kendalikan , tapi
engke?.... > > Punten ah ngacapruk. > > Nia >
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|