abdi setuju kana pendapatna kang Waluya, jadi ieu ningalna kana kepentingan
balarea, sanes perorangan, abdi oge teu satuju ka judi tapi da kumaha
sanajan teu satuju oge aya we nu judi ge, boh tatanggi boh jalmi sejen.
Jadi sok lah sakantenan diatur jadi artosna tiasa dipake negara ngawangun.
Pasti lah pro kontra mah bakalan muncul da tidituna oge pasal nanaon anu
diributkeun di Indonesia mah aya we nu pro jeung kontra. Sapertos ayeuna ku
Presiden SBY dicarioskeun yen anjeuna prihatin ka tayangan porno aksi
sareng pornografi, tah sami we da ku agama dilarang naha atuh TV-TV swasta
teh sok we nayangkeun nu kararitu, jadi sami, mun hayang ningal nya ningal
mun rumasa dosa nya tong ningal. peraturan siaran TV ge masih kabur teu
acan jelas bates2na. Nu kudu diatur leres2 mah di lingkungan kaluarga, nu
tos gaduh anak dididik nu leres akhlak sareng mentalna, kitu panginten ceuk
abdi mah, punten bilih aya nu lepat.

Anugrah Setiawibawa
MM MD Dept 09 & 56
PT Matahari Putera Prima Tbk
Ph : 5469333, 5475333 Ext 9858
Menara Matahari Lt 11
0815-888-4808



                                                                                
               
                    "waluya56"                                                  
               
                    <[EMAIL PROTECTED]        To:     
[email protected]                
                    in.net.id>               cc:                                
               
                                             Subject:     [Urang Sunda] Jaman 
geus robah -->   
                    03/30/05 01:07 PM        Re: Ali Sadikin: Demi Judi, Saya 
Rela Masuk       
                    Please respond to        Neraka                             
               
                    urangsunda                                                  
               
                                                                                
               
                                                                                
               






Teh Nia, judi ageung-ageungan di Jakarta, saleresna mah ayeuna oge
masih aya, malah langkung ageung ti keur di jaman Ali Sadikin
marentah. Teras soal maksiat, aya buku "Jakarta Undercover" nu
nyarioskeun kahirupan malem di Jakarta. Judi nu ageung, ceuk cenah
dilakukeun ku nu baleunghar (utamina mah Cina) nganggo sagala cara.
Salah sahijina nganggo Kapal pesiar. Seueur iklan na koran, pesiar ka
Singapur nganggo kapal pesiar. Tah dina kapal pesiar ieu judi jiga di
Las Vegas atawa jiga di Malaysia (naon geuning nami tempatna teh Ki
Hasan?) dilakukeun, waktu kapal pesiar aya di perairan internasional
(langkung ti 200 mil ti pantai), di perairan ieu, hukum indonesia,
henteu berlaku. Kapal pesiar ieu ukur pura-pura jadi kapal pesiar
padahal kamufalse keur perjudian.

Di nagara tatangga urang aya tempat perjudian anu ageung, jiga di
Malaysia jeung di P. Chrimach Australia (kiduleun Pelabuhan Ratu)
sajam hiber ti Jakarta. Saha anu jarudi didinya? urang Indonesia!.
Urang Indonesia nu baleunghar resep judi, parantos rahasia umum jeung
jadi sumber pendapatan kompleks perjudian nagara tatangga.  Nu
baleunghar di Indonesia, moal tiasa dilarang kangge judi, da tinggal
hiber we ka nagara tatangga, der weh meakeun duit didinya, malah
kapungkur aya wartos putra presiden wae dugi ka seseepan di Las
Vegas, teras ditewak pulisi. Artosna? kenging nyandak ti Indonesia
mirip jeung sheik-sheik Arab nu nyandakan artos ladang minyak,
dianggo judi di Las Vegas. Tah ku alesan ieu panginten kunaon Bang
Ali satuju upami perjudian di Indonesia dilegalisir, supaya artos
penjudi teh tetep aya di Indonesia ulah jadi devisa nagara batur.
Kapungkur anjeunna ngadamel tempat judi nu dilokalisir. Harita oge
seueur nu nentang, tapi jawab anjeunna :" Lamun haram, nya entong
asup kadinya!.

Janten analogina sapertos daging babi anu henteu dilarang diical-
galeuhkeun di Indonesia. Umat Muslim tantosna oge moal meser daging
eta, da haram. Sapertos Judi anu dipajeg ku nagara, ical galeuh
daging babi oge, tetep keuna pajeg keur nagara. Janten nagara urang
teh tetep nampi artos tinu "haram-haram" ieu, sanes tina judi wae.

Ah tos sakieu, ngiringan ngacaprux.

WALUYA







--- In [email protected], "Nia Sri Winiarsih" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Muhun memang seorang pamimpin teh kudu/wajib berkorban...sae pisan
bahkan salut upami pamimpin wani berkorban sampai masuk naraka gara2
memperjuangkeun rakyatna.
>
> Tapi memperjuangkeun judi, kinten2 salain pamimpin eta anu asup
naraka , saha deui anu bakal asup ka naraka?...yakin mung eta
pamimpin anu asup ka naraka teh?wallohualam..najan abdi dosana agueng
oge ari kedah nantang2 masuk neraka mah alim komo pikeun ngarojong
judi mah embung ...
>
> Kantos kapungkur sakilas membaca membakar surga menyiram
neraka...leres kitu..semacam itulah...tetapi utk menegakkan judi? apa
cukup pantas ? risikona teu terlalu ageung? judi ok, lalu pelacuran
maju oge mabuk2an ..terakhirna narkoba.
>
> Upami judi mung di tujukeun ka etnis cina wungkul, bisa penjudi2
miskin itu terima? naha cenah nagara2 dewek, cina kaci judi dewek
tidak? boro2 di persilahkan , dilarang oge maceuh boh keur nu miskin
oge anu beunghar.
>
> Meureun bade jakarta teh bade nyontoh las vegas...tapi beda
panginten pamendak abdi anu bodo mah, di urang tidak pantas seperti
itu teh, judi, obat2an, wanita2 satengah talanjang...moal jauh ti
kitu engke teh panginten. Ayeuna awal2 mungkin masih tiasa di
kendalikan , tapi engke?....
>
> Punten ah ngacapruk.
>
> Nia
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links














------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke