Nu nulis artikel ieu, meureun jelema frustasi, da cenah (kapungkur 
teh aya nu posting) Abidin Alsich teh padamel negeri di Dinas 
Kabudayaan Cirebon. Eta meureun uranng Cirebon teh ngarasa rada 
dianak-terekeun ku "Bandung" (baca: urang Priangan) padahal ngarasa 
budayana (utamina mah kesenianana) langkung adiluhung tinimbang 
kasenian di parahyangan. Tapi upami nyebatkeun Cirebon beda sajarah 
sareng Tatar Sunda, kacida teuing. Kuring boga buku sajarah Cirebon 
(meunang urang kraton cirebon), nu nyaritakeun hubungan karaton-
karaton cirebon jeung pajajaran (prabu Siliwangi) jeung nu jelas 
dina aranna oge Cirebon, ari "ci" teh aran standar keur hiji tempat 
di tatar Sunda. Tulisan arogan Abidin Aslich ieu bisa ngarugikeun 
citra urang Cirebon di Urang Sunda lianna. Tingali we tindakan urang 
Kuningan ka urang Cirebon ....anu arek mengpek cai PDAM ka Cirebon. 
Sanajan tindakan ieu leuwih loba unsur ekonomina, tapi bisa 
oge ....aya sentimen dibawah alam sadarna urang Kuningan. Sakuduna 
mah Abidin henteu nulis nu kieu di media massa, da Agus Krena nu 
nulis syariat Sunda ge henteu nyigeung urang Cirebon saeutik-eutik 
acan.

Baktos,
WALUYA


--- In [email protected], oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Wa'alaikum salam wr wb.,
> 
> Parantos Kang, namung teu sawios-wios dikintun deui oge. Puguh rada
> teu purun mairan tulisan anu siga kitu teh, rada miceun tanaga
> mikiranana, barina oge lain hancengan model anu voluntir siga 
kuring
> kieu, hayoh bae ngadon pasea mah.






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke