Ngarewong ah kang Waluya Cenah ceuk saur nu soheh baheula teh aya putri Cina kawin ka gegeden (sultan atawa sabangsana) cirebon jadi di cirebon mah pasti aya budaya cina heubeul nu kabawa ka dieu contona motif batik cirebon nyaeta mega mendung tapi meureun eta ge kang he he he he -firman- kalahkangalilieurbatur
________________________________ From: waluya56 [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Rabu 06/04/2005 14:43 To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] "Cirebon" di lembur kuring Lembur kuring kaliwatan jalan Cirebon-Bandung, jauhna ti Cirebon teh kurang leuwih 70 km. Jadi ari urang lembur kuring mah "cirebon" teh sarua deukeutna jeung ka Bandung. Ceuk dongeng pun Aki, jaman baheula lamun anu arek balanja teh lain ka Bandung, tapi ka Cirebon anu memang leuwih rame tibatan Bandung. Kitu deui anu munggah haji, angkatna teh ti Cirebon. Lanceuk uyut istri (uana pun Aki), carogena teh urang Cirebon. Anjeunna teh dalang wayang menak. Benten sareng wayang Golek nu ngalalakonkeun Mahabarata/ Ramayana, Wayang menak mah lalakonna teh tina wawacan, jiga wawacan Amir Hamzah. Ari basa nu dianggo mah basa Sunda wayangna oge sami tina kai (golek) ngan wayangna dibarendo. Wayang menak sigana parantos punah, da kuring oge ukur ceuk beja. Urang Sumedang oge lamun bulan Mulud, osok ka Cirebon lalajo acara di Karaton Cirebon. Baheula mah cenah sok laleumpang tepi ka Kadipaten. Ti kadipaten disambung ku sepur(?) tepi ka Cirebon. Waktu kuring keur budak, ari bulan mulud teh jalan ka Cirebon sok rame pisan, cenah eta teh jalmi-jalmi anu bade nonton acara muludan di Cirebon. Tapi kadang-kadang aya oge anu nyebutkeun, eta jelema nu rame ka cirebon teh arek "neukteuk buntut" kulantaran munjung ka monyet, jadi buntutan, nu kudu diteukteuk unggal taun di bulan Mulud. Lamun henteu beuki manjangan, jadi engkena kapanggih ku tatangga yen manehna munjung! Bulan Mulud oge, bulan pikasieuneun di lembur kuring mah, loba pantangan. Teu meunang moro oge teu meunang balangtuar kakaian. Cenah mah aya hubunganana jeung ngalaliwatna maung kajajaden balad- balad prabu Siliwangi ti leuweung sancang anu arek nuju Cirebon ngaramekeun acara muludan di Karaton Cirebon. Keur budak sok disingsieunan, lamun papanggih jeung nini-nini jangkung, tapi teu wawuh, terus teu ayaan "lengkung" antara irung jeung biwir luhur (naon nya eta teh aranna) jeung lamun dibere barangdahar, langsung ku sungut, eta teh nini-nini maung kajajaden anu keur ngalangkung bade ka Cirebon. Atuh unggal panggih jeung nini-nini ditelek-telek heula, sanajan wawuh oge, da bisi .......baladna Parbu Siliwangi. Di lembur kuring oge aya Mang Rasmani, cenah mah asalna urang Cirebon boga pamajikan batur salembur. Pas manehna nyunatan anakna manehna nanggap wayang kulit oge barongsay, sadayana oge ti Cirebon. Wayang kulitna make basa Sunda. Ngan anu kuring teu pati ngarti, ayeuna sanggeus nyaho barongsay teh kasenian Cina, kunaon Mang Rasmani nanggap barongsay sagala? atawa meureun di Cirebon mah, barongsay teh geus "diadopsi" jadi kasenian rakyat Cirebon? Manawi Kang Dur sareng Kang Didi terang? Baktos, WALUYA (Keur ngawawaas lembur jaman keur budak) ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
<<winmail.dat>>

