Ihhh naha paliron :
Karna mah = Adipati Awangga wewengkon di Astina, putra Dewi Kunti ti Batara Surya
dina babad Maha Barata.
Kumbakarna mah = adina Rahwana/Dasamuka raja di Alengka dina babad Ramayana.
 
Janten hutang budi Karna teh sanes ka Kumbakarna, namung ka Duryodana/Suyudana raja Astinapura.
Upami dipaliraan kasamiannana antawis Karna sareng Kumbakarna, panginten ;  jalmi jujur
namung kapaksa mihak ka angkara murka.
Karna ngabela Astina pedah Astina lemah caina, didinya Karna digedekeun sareng hirup di, sanaos Karna terang yen Astina aya dipihak salah.
Nya kitu deui Kumbakarna ngabela Alengka, katambih-tambih anu jadi rajana nya eta Rahwana lanceuk teges Kumbakarna.
Sakitu.
 
Pihatur,
ssw
(dalang bantut....)
 


Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
Muhun, tapi Karna (rada) jahat kumargi baladna
Kumbakarna tea. Saleresna mah Karna teh teu jahat
namung geus katalian ku kedah mulang tarima ka
kumbakarna nya jadi kitu.
Hilap deui caritana, da meni seueur, ke diilo deui
geura  Mahabrata-na sareng Ramayana. Pakepuk ku diktat
sareng modul anu benten pisan, benten teh upami diktat
mikirna teh logika tapi abdi ge resep kana sastra anu
nyeukeutan "perasaan hiks..hikss...."(cengeng nya) 
Rame seueur pulunganeunana Mahabarata sareng Ramayana
teh. Upami anu milarian literature anu bade ngolah
rasa, kasabaran,filsafat sareng kawijaksaan mah sae
tah Mahabarata sareng Ramayana.

DS



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke