Maca babadamian ngeunaan pahlawan jeung penjahat dina konteks rahwana kuring
jadi kapikiran geuning sebutan pahlawan sareng penjahat teh relatif-nya.
Hiji golongan mere gelar ka si "a" pahlawan sementara golongan nu sejenamah
malah mere gelar penjahat. Asa teh henteu rahwana bae nu meunang gelar kieu
teh. Asateh masih loba tokoh nu ku hiji golongan disebut pahlawan sementara
ku golongan sejenamah sabalikna. Urang cobaan neangan conto nu sejena:
MAHAPATIH GAJAH MADA. Ku Pamarentahan HMS (H.Muhammad Suharto) Gajah mada
dijadikeun pahlawan nasional. Gambar-gambarna di pajang di sakola-sakola
jeung lembaga pamarentah nu sejena. Ayuena...kumaha ceuk Urang Sunda? Naha
nganggep Mahapatih Gajah Mada-teh pahlawan (inget kajadian 'pembantaina'
bubat)?


Wasalam,
Durachman




-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of Waluya
Sent: Wednesday, April 20, 2005 7:53 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] FW: wanita ISLAM (Pandawa Lima)



Ngiringan soal wayang ......ah. Perkawis Rahwana leres pisan di
Srilangka mah cenah janten pahlawan, kuring kungsi ngobrol jeung
urang Srilangka. Hiji buktos yen alus jeung goreng teh relatif,
timana urang nempona.

Drupadi, dina versi aslina, carogena sanes wae Yudhistira, tapi
sadayana pandawa anu lima. Waktu pandawa ngadu Dadu jeung kurawa,
pandawa eleh bebeakan, da dilicikan, tepi ka Drupadi dijieun
taruhan. Pandawa tetep eleh, Drupadi nepi ka ditalanjangan ku
Dursasana (?) nepi ka Bima sumpah, arek nginum getih Dursasana.
Sumpah ieu dilaksanakeun dina perang Baratayudha. Dina
pawayangan, Mahabarata teh dirobah, disaluyukeun jeung kabiasaan
di urang, Drupadi teh ukur istrina Yudhistira.

Dina lalakon, Pandawa Lima maot, dicaritakeun pandawa lima teh
sanggeus lengser ti karajaan jadi pandita. Dina waktuna arek
maot, maranehna arangkat ka hiji gunung jeung istrina Drupadi. Nu
mimiti maot teh Drupadi, ku Yudhistira ditaroskeun ka Dewa kunaon
Drupadi maot tiheula? ceuk para Dewa, kasalahan Drupadi teh
nayeta hatena leuwih bogoh ka Arjuna tinimbang kanu sejen. Terus
nu maot teh Sadewa, Nakula, Arjuna jeung Bima ku alesan kasalahan
masing-masing waktu hirup. Kantun Yudhistira jeung anjingna nu
satia. Kulantaran Yudhitira mah teu gaduh kasalahan, raga badagna
oge rek dicandak ka kahyangan, tapi YUdhistira nolak, lamun
henteu jeung anjingna nu satia. Sempet aya negosiasi jeung para
dewa, sabab meureun "anjing dilarang masuk" ka kahyangan. Tapi ku
jembar manahna Yudhistira, akhirna anjingna oge dicandak ka
Kahyangan.

Tos akh.........paroho deui.

WALUYA


> Ihhh naha paliron :
> Karna mah = Adipati Awangga wewengkon di Astina, putra Dewi Kunti
> ti Batara Surya
> dina babad Maha Barata.
> Kumbakarna mah = adina Rahwana/Dasamuka raja di Alengka dina
> babad Ramayana.
>
> Janten hutang budi Karna teh sanes ka Kumbakarna, namung ka
> Duryodana/Suyudana raja Astinapura.




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links









------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke