Ngiringan soal wayang ......ah. Perkawis Rahwana leres pisan di Srilangka mah cenah janten pahlawan, kuring kungsi ngobrol jeung urang Srilangka. Hiji buktos yen alus jeung goreng teh relatif, timana urang nempona.
Drupadi, dina versi aslina, carogena sanes wae Yudhistira, tapi sadayana pandawa anu lima. Waktu pandawa ngadu Dadu jeung kurawa, pandawa eleh bebeakan, da dilicikan, tepi ka Drupadi dijieun taruhan. Pandawa tetep eleh, Drupadi nepi ka ditalanjangan ku Dursasana (?) nepi ka Bima sumpah, arek nginum getih Dursasana. Sumpah ieu dilaksanakeun dina perang Baratayudha. Dina pawayangan, Mahabarata teh dirobah, disaluyukeun jeung kabiasaan di urang, Drupadi teh ukur istrina Yudhistira. Dina lalakon, Pandawa Lima maot, dicaritakeun pandawa lima teh sanggeus lengser ti karajaan jadi pandita. Dina waktuna arek maot, maranehna arangkat ka hiji gunung jeung istrina Drupadi. Nu mimiti maot teh Drupadi, ku Yudhistira ditaroskeun ka Dewa kunaon Drupadi maot tiheula? ceuk para Dewa, kasalahan Drupadi teh nayeta hatena leuwih bogoh ka Arjuna tinimbang kanu sejen. Terus nu maot teh Sadewa, Nakula, Arjuna jeung Bima ku alesan kasalahan masing-masing waktu hirup. Kantun Yudhistira jeung anjingna nu satia. Kulantaran Yudhitira mah teu gaduh kasalahan, raga badagna oge rek dicandak ka kahyangan, tapi YUdhistira nolak, lamun henteu jeung anjingna nu satia. Sempet aya negosiasi jeung para dewa, sabab meureun "anjing dilarang masuk" ka kahyangan. Tapi ku jembar manahna Yudhistira, akhirna anjingna oge dicandak ka Kahyangan. Tos akh.........paroho deui. WALUYA > Ihhh naha paliron : > Karna mah = Adipati Awangga wewengkon di Astina, putra Dewi Kunti > ti Batara Surya > dina babad Maha Barata. > Kumbakarna mah = adina Rahwana/Dasamuka raja di Alengka dina > babad Ramayana. > > Janten hutang budi Karna teh sanes ka Kumbakarna, namung ka > Duryodana/Suyudana raja Astinapura. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

