Tiasa janten kitu, margi Alengka kapungkur ayeuna janten Sri Langka (saur wartos).
Nyandak tina babad Ramayana ; Waktos Batara Rama/Sri Rama/Rama Widjaya bade ngarurug Alengka kanggo ngarebut deui Dewi Sinta, sateu acanna ngadamel tambak Situ Bandaluyu anu ngahubungkeun daratan sareng nagri Alengka, kujalan ngabendung laut.
Saluyu sareng eta carios, janten bangsa Sri Langka teh tilas rahayat Alengka.
Janten wajar upami rahayat Sri Langka nganggap Rahwana teh pahlawan.
Perkawis patung Rahwana mah, berekah teu gaduh bongbolongan (da teu acan kantos kadinya).
 
Pihatur
ssw


Eka Priatna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Siddik,
Upami di urang, tokoh Rahwana teh tokoh raksasa jahat, naha leres
saurna di tempat asalna (Sri Lanka) mah Rahwana teh janten pahlawan?
Malih saurna didamel patungna di tengah kota.

Ti Suara Merdeka:
(http://www.suaramerdeka.com/harian/0405/13/nas05.htm)

"Di Sri Lanka, lalakon Ramayana beda versina jeung di Indonesia. Di
dinya, Rahwana teh jadi pahlawan sabab disaruakeun jeung warga asli
Sri Lanka. Sedengkeun Rama, manehna teh dianggap ngajajah nu dirojong ku suku Tamil. ..."

Manawi aya nu langkung paos?

--
eka




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke