assalamu'alaikum ka sadayana.

bet dikersakeun nya, kamari Sabtu (16/4)  kuring diskusi  jeung kang Herman, Kang Oman, kang rahmat rawyani, kang sidik, di kantorna Kang Rahmat.  di UI depok.
nyaeta ngeunaan sistem Ten Anne Ahira tea.

ari kuring mah moal rek pipilueun, netral we lah, ngadukung henteu, oposisi oge lain.
enya ge kuring teu satuju kana model "aya nu diluhur aya nu dihandap".

ngan ngeunaan bisnis internet ieu (internet marketing).
jadi inget basa Halal bi halal di Cimalati, Sukabumi.
kapanan harita teh, urang rek nyieun sistem internet marketing pikeun masarkeun produk-produk bogana US.
tapi duka meureun parohoeun atawa loba nu teu nyaho, program eta teh teu jalan.

Jadi ka baraya urang babakan kusnet,
urang teh boga ageman, pakarang canggih tur matih,
ngarana internet.
Internet  alat, sarupa jeung rancatan.
gunakeun semaksimal mungkin pikeun kauntungan urang.
kauntungan ieu teu kudu mangrupa duit, bisa elmu, bisa dulur, bisa macem-macem.

ayeuna cenah kacontoan ku teh Anne,
manehna jadi makelar real estate,
nya urang mah mimitian tina leuleutikan,
makelar produkna teh nenny misalna,
atawa produk na Kang Rahmat Rawyani,
atawa nu sejena.

nu penting, aya buktina aya barangna.
ceuk cenah mah disebut na teh "Sektor Riil" tea.
jadi duit US teh muterna di US-US keneh,
teu kaluar ka Munding bule atawa  ka Monyet peureum.

sakitu ti kuring,

"HALING KU AING"









Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke