Aeh enya, horeng artikelna can anggeus.
kanggo langkung jentre mah, mangga baca buka anu dijantenkeun rujukan dina artikel tadi, nu sumberna ti naskah Wangsakerta tea. Saatosna runtuyan anu tadi, karajaan Sunda teh bengkah jadi dua (hiji deui Galuh), lajeng ngahiji deui mangsa Sri Baduga Maharaja (katelah Pakuan Pajajaran. Saur Mang Ayat mah Pakuan Pajajaran teh ukur dayeuhna, puseur pamarentahanana, tempat Kadaton Sri Bima Punta Narayana, sabab karajaanana mah karajaan Sunda). Ti Sri Baduga nepi ka runtagna Pakuan, aya sabaraha raja nya hilap deui... Pami teu lepat mah nu panungtungan teh Suryakancana nu ngungsi ka Pandeglang, sedengkeun panglima kapercayaanana ngungsi ka wetan, lajeng matuh di Sumedang (asana mah deui wae). Perkawis, Kean Santang, anjeunna teh, putra katilu Sri baduga ti istrina nu urang Cirebon (Islam). Lanceuk2na nyaeta Nyi Subanglarang jeung .... (poho deui). Kean Santang ngaran aslina mah Rajasanagara. Ngotektak sababaraha buku sajarah nu aya di pasar (buku), Kean Santang mah teu loba kacaturkeun. Jadi, ngeunaan sajarah sabenerna, teu acan kagali sigana mah. Ngeunaan carita yen Kean Santang ngungudag Sri Baduga (alatan teu daek wae asup Islam), sigana ukur wadul, sabab sumber sajarah nu dipalercaya ku para ahli, puguh pisan Sri Baduga mah dikurebkeun (?) di Rancamaya-Bogor. Ah, bisi loba salahna. Sakitu bae heula... jk --- In [email protected], "Lukman Hakim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Umpami Prabu Siliwangi Sareng Prabu Kian Santang aya diurutan mana? > > hatur nuhun. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

