Assalamu'alaikum Kang Dur + Kang Hasan Nuhun pisan parantos kalersa narjamahkeun quran ka basa sunda, anu insya Allah seueur pisan manpaatna utamina upami dicetak + disebarkeun kanggo masyarakat desa anu teu ngartoseun basa Indonesia.
Punten ieu aya saran manawi katampi + ulah bendu, wirehna masih seueur salah ketik "kecap" atanapi "vokal eu" atanapi naon namina kirang terang, sapertos di handap ieu dina ayat-ayat no.: 2. Aya anu dihinakeun, aya anu diluhungkuen. 16. Nu bakal ngalayananan nu ngarora tetep ngora, 17. Kalawan mawa cangkir, poci, lumur anu dieusian arak tina sumbern. 18. Maranehna moal ngarasa lieur jueng moal marabok. 27. Maranehna teh dina handapeun tangkal widara nu hentu cucukan. 43. Anu henteu tiis, sarta hentu pikangeunaheun. 47. Jeung naha nya kitu deui karuhun-karuhaun urang anu ti heula? 50. Tuluy sasestuna maraneh, yeuh jalma-jalma anu salsar!anu ngabarohongkeun! 52. Nya beutueng maraneh bakal bungkiang ku eta teh. 59. Nya Kami anu geus mastikeun pati di antara maraneh, jeuang moal bisa 80. Naha atuh kana ieu carita (Quran) maraneh bet ngabohongkuen? Kalihna ti eta bade tumaros naon hartosna "diparekeun" sapertos ayat nu ka 10 dihandap ieu. 10. Nya maranehna jalma-jalama anu diparekeun, Hatur nuhun. Wassalam Jaka --- durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kanggo kang Hasan sareng baraya urang sunda > sadayana; > > Surat Alwaqiah (1-95) > Diketik ulang ku Durachman ([EMAIL PROTECTED]) > > Naskah asli; > Al-Amin, AL-QURAN Tarjamah Sunda > diterbitkeun ku CV. Diponegoro, Bandung) > > > Kalayan asma-Na Allah, Nu Maha Murah, Nu Maha Asih > 1. Moal aya saurang oge anu bisa ngabohongkeunana. > 2. Aya anu dihinakeun, aya anu diluhungkuen. > 3. Upama bumi digenjlongkeun satarikna. > 4. Jeung gunung-gunung diancurkeun nepi ka bubuk. > 5. Nya jadi weh lebu anu mahabu, > 6. Jeung kaayaan maraneh jadi tilu golongan: > 7. Nyaeta jalma-jalma golongan katuhu; saha > jalma-jalma golongan katuhu teh? > 8. Jeung jalma-jalma golongan kenca; saha > jalma-jalma golongan kenca teh? > 9. Jeung golongan jalma-jalma anu ti heula; nya > maranehna anu pangheulana, > 10. Nya maranehna jalma-jalama anu diparekeun, > 11. Di sawarga Naim, > 12. Lolobana anu ti heula; > 13. Jeung ngan saeutik anu pandeuri mah. > 14. Dina kartil-kartil anu ditaretes, > 15. Bari tinggelehe di dinya, pahareup-haruep . > 16. Nu bakal ngalayananan nu ngarora tetep ngora, > 17. Kalawan mawa cangkir, poci, lumur anu dieusian > arak tina sumbern. > 18. Maranehna moal ngarasa lieur jueng moal marabok. > 19. Jeung bubuahan ti antara anu ku maranehna > dipilih, > 20. Jeung daging manuk ti antara anu ku maranehna > dipikabeuki. > 21. Jeung (widadari) nu cureuleuk; > 22. Anu siga mutiara peperenian; > 23. Minangka ganjaran pikeun saniskara anu ku > maranehna geus diamalkeun. > 24. Maranehna di dinya moal ngadenge omongan anu > lian-lian, jeung moal > ngadenge omongan pidosaeun; > 25. Salian ti pok-pokan: "Wilujueng, wilujeung." > 26. Jeung jalma-jalma golongan katuhu; saha > jalma-jalma golongan katuhu teh? > 27. Maranehna teh dina handapeun tangkal widara nu > hentu cucukan. > 28. Jeung dina handapeun tangkal cau anu > pasusun-susun; > 29. Jeung dina iuh-iuh nu ngampar panjang, > 30. Jeung cai nu ngocor taya kendatna, > 31. Jeung di tempat bubuahan nu leubeut. > 32. Anu taya kendatna jeung hentu dilarang. > 33. Jeung dina amparan-amparan anu diluhurkeun. > 34. Saestuna Kami ngajadikeun widadari-widadari dina > kajadian anu istimewa; > 35. Nyaeta Kami ngajadikeun maranehna > parawan-parawan salalawasna, > 36. Nu pinuh ku kacinta, turta sapantar, > 37. Pikeun jalma-jalma golongan katuhu tea, > 38. Tinu ti heula (kaasup golongan katuhu teh) > lobaan. > 39. Jeung ti nu pandeuri oge lobaan. > 40. Jeung jalma-jalma golongan kenca; saha > jalma-jalma golongan kenca teh? > 41. (Maranehna) dina angin samun (nu kacida > panasna), jeung dina cai nu > ngagolak, > 42. Jeung kaiuhan haseup hideung, > 43. Anu henteu tiis, sarta hentu pikangeunaheun. > 44. saestuna maranehna teh samemeh na mah aya dina > kamewahan. > 45. Jeung maranehna tonggoy ngalampahkeun dosa nu > gede. > 46. Jeung salawasna maranehna nyarita:"Naha upama > urang geus paeh, jeung > geus jadi taneuh katut tulang-taleng, urang teh > bakal dihudangkeun deui? > 47. Jeung naha nya kitu deui karuhun-karuhaun urang > anu ti heula? > 48. Pok caritakeun:"Saestuna jalma-jalama anu ti > heula jeung anu pandeuri, > 49. Pasti bakal dikumpulkeun dina hiji mangsa anu > pinasti tina hiji poe anu > geus dimalumkeun. > 50. Tuluy sasestuna maraneh, yeuh jalma-jalma anu > salsar!anu > ngabarohongkeun! > 51. Pasti (maraneh) bakal ngadahar tangkal, nyaeta > tangkal zakkum! > 52. Nya beutueng maraneh bakal bungkiang ku eta teh. > 53. Tuluy sabada kitu maraneh bakal nginum cai anu > kacida ngagolakna." > 54. Maranehna bakal nginum cara onta anu kacina > halabhabna! > 55. Ieu teh susuguh pikeun maranehna poean wawales. > 56. Nya Kami anu geus ngayugakeun maraneh; naha atuh > maraneh henteu daek > percaya? > 57. Nya naha maraneh geus nitenan naon anu ku > maraneh dipuncratkeun? > 58. Naha maraneh anu ngayugakeunana, atawa naha Kami > anu ngayugakeunana? > 59. Nya Kami anu geus mastikeun pati di antara > maraneh, jeuang moal bisa > Kami dihalang-halang; > 60. Dina hal ngaganti maraneh ku anu saperti > maraneh, jeung ngajadikeun > maraneh dina kajadian anu hentu dipikanyaho ku > maraneh. > 61. Jeung saestuna maraneh geus nyaraho kajadian anu > munggaran, atuh naha > maraneh henteu areling? > 62. Nya naha maraneh geus nitenan naon anu ku > maraneh dipelak? > 63. Naha maraneh anu nuwuhkeunnana atawa Kami? > 64. Upama Kami ngersakeun, tanwande Kami > ngajadikeunana jadi regang-regang > garing; nya jadi nalangsa weh mareneh teh; > 65. (Bari maranehna nyarita): "Saestuna kaula > sarerea kalah ka malik hutang; > 66. Malah kaula sarerea teu beubenangan pisan." > 67. Nya naha maraneh geus naritenan cai nu diinum ku > maraneh? > 68. Naha maraneh anu nurunkeunana tina mega, atawa > Kami? > 69. Upama Kami ngersakeun, tanwande Kami ngajadikeun > eta cai jadi asin liwat > saking. Nya naha atuh maraneh henteu daek muji > sukur? > 70. Nya naha maraneh geus nitenan seuneu anu ku > maraneh dihurungkeun? > 71. Naha maraneh anu ngajadikeun kaina; atawa > Kami?************* > 72. Kami geus ngajadikeunana jadi panggeuing jeung > bekel pikeun jalma anu > nyanyabaan. > 73. Ku kituna prak geura ngamahasucikeun kalayan > asma Pangeran maneh Nu Maha > Agung. > 74. Kami sumpah demi tempat-tempat turuna > bagian-bagian Quran. > 75. Jeung saestuna eta teh sumpah agung, upama > maraneh nyaraho mah. > 76. Saestuna eta teh Quran nu mulya. > 77. Dina kitab nu diraksa (di Lauhil Mahfuzh). > 78. Hentu aya nu nyabakna, anging anu geus > disucikeun. > 79. Diturunkeunana ti Pangeran Nu Murbeng Alam > sakabeh. > 80. Naha atuh kana ieu carita (Quran) maraneh bet > ngabohongkuen? > 81. Jeung naha maraneh (muji sukur) kana rejeki ti > Kami teh ku jalan > ngabohongkeunana? > 82. Naha atuh basa nyawa geus nyedek kana tikoro. > 83. Jeung harita maraneh nyaraksian. > 84. Sarta kami leuwih deukeut ka manehna batan > maraneh, tapi hentu katenjo > ku maraneh; > 85. Upama maraneh henteu kapurba (ku Kami) naha atuh > hentue. > 86. Mulangkuen eta nyawa, lamun enya maraneh balener > mah? > 87. Tapi upama kaayaan eta nu maot tea ti golongan > jalma-jalma anu kadeuheus > mah; > 88. Nya pikeun manehna kalaluasaan katut kaluginaan > jeung sawarga Naim. > 89. Sarta upama kaayaanana ti golongan katuhu; > 90. Nya kasalametan pikeun maneh anu ti golongan > katuhu, > 91. Jeung upama kaayanana ti golongan anu > ngabohongkeun turta salasar. > 92. Susuguhna teh cai panas liwat saking, > 93. Jeung digebruskeun kana seuneu naraka; > 94. Saestuna hal-hal nu ditataan bieu teh yakin anu > hak. > 95. Ku kituna prak geura ngamahasucikeun kalayan > asma Pangeran maneh Nu Maha > Agung. > *** > > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor > --------------------~--> > Give the gift of life to a sick child. > Support St. Jude Children's Research Hospital's > 'Thanks & Giving.' > http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM > --------------------------------------------------------------------~-> > > > === message truncated === __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less. http://info.mail.yahoo.com/mail_250 ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

