Leres Kang, patarosan saterasna, naha leres sebatan sesat teh ukur label? Dongeng di handap nyobian ngawaler ieu, sanes teteorian tapi murni tina logika abdi nu sederhana.
Numutkeun abdi, JIL muncul mawa ideu2 nu diharepkeun bakal ngabereskeun masalah hubungan nu kurang harmonis antaragama (muamalah). Salah sahiji pokok ajaranana, yen masalah muamalah teh muncul/timbul kulantaran ayana klaim2 kebenaran teologis (teologi eksklusip). Kusabab kitu, JIL nganggap yen sakabeh agama sarua jeung nyembah pangeran nu sarua. Tina a
Ceuk logika kuring nu saderhana, ajaran ieu patukangtonggong jeung akidah tauhid (e.g. QS al Ikhlas) nu eksklusip (e.g. QS al Kafiiruun). Kadituna, ieu hartosna akidah akidah JIL teu sarua jeung akidah alQur'an. Naha teu meunang? Meunang wae, teu masalah! Nu jadi masalah teh ajaran eta masih make ngaran ISLAM nu leuwih tiheula dikenalkeun ku alQuran nu (e.g. QS al Maaidah ayat 5)! Teu mungkin sanes dua ajaran nu substansina patukang tonggong make ngaran nu sarua?
Jadi ngan aya dua kamungkinan: akidah alQuran nu salah atawa akidah JIL nu "teu sarua jeung alQuran"! Naha ieu masalah interpretasi? Mun maca al Ikhlas tur al Kafiiruun, asa na mah kalimah2na geus jelas. Jeung deuih ku pentingna masalah akidah, pamohalan Pangeran nyieun ayat nu kudu ditafsirkeun.
Pikeun abdi, "kompromi" akidah sanes jalan pikeun ngabenerkeun masalah muamalah. Ceuk abdi nu bodo, di tataran ideologis, Qur'an tos masihan tuntunan yen sanajan akidah Islam teh eksklusif tapi teu bisa jadi alesan pikeun maksakeun agama sabab nu bener geus jelas benerna, nu salah geus jelas salahna (QS alBaqarah 256?). Tangtos sadaya oge terang ayat2 nu nungtun urang dina masalah muamalah. Di tataran sajarah, geus aya bukti yen Islam agama toleran. Contona Piagam Madinah di zaman nabi, atawa conviventia di zaman al Andalus dimana kristen jeung yahudi diajenan salaku warga nagara. Jadi masalah panggedena teh masalah ngadidik ummat pikeun ngenal jeung ngamalkeun Islam, lain ngutak-ngatik akidahna nu gede risiko dunya aheratna.
Kumaha atuh akidah jeung sareat tos benten jeung Quran masih keneh make ngaran Islam? Tiasa2 jalmi nu hoyong akidah Islam malah janten akidah JIL tea! Janten sesat teh label wungkul? Abdi yakin baraya tiasa milih nyalira. Tapi pikeun abdi, nginjeum laguna Kang Doel: "lamun Qur'an bisa ngomong, tangtu manehna moal bohong!" Perkawis shalat basa Indo mah sanajan saigel sareng JIL... engke deui we lah, hiji2.
Baktos
yudi
--- In [email protected], @b...> wrote:
> Tadina mah kuring arek nutup, tapi ieu mah rek nyatujuan seratan Kang Yudi, satuju pisan kuring kana pamadegan Kang Yudi yen informasi teh teu kudu diwagel (disensor), keun we kumaha nu macana, bener henteuna. Kuring ngomentaran artikel Pa Herman lain arek nyensor, tapi sabage anggota masyarakat nu hayang nunjukkeun yen artikel Pa Herman teh aya lemahna, nyaeta soal teori Vials tea. Eta mah kumaha pamandegan nu ngaosna, naha leres pamandegan kuring atawa leres nu Pak Herman, mangga nyanggakeun ka balarea di Kusnet. Da Pak Herman oge artikelna hayang dibaca jeung dikomentaran sanes?
>
> Sanes informasi wae nu teu kedah diwagel(disensor) tapi oge kabebasan mikir. Kuring henteu satuju kabebasan mikir disengker. Saeutik-eutik, disensor, disebut "sesat", digebugan jiga kasus "Sholat bahasa Indonesia" di Malang, "divonis" hukum pati jiga si Ulil nu urang JIL jrrrd. Ceuk kuring mah keun wae, saperti nu disebat ku Kang Yudi mayarakat nu sina milah-milah, mana nu paling cocog jeung manehna. Nu teu kapake mah, engke oge leungit sorangan. Perkawis Pak Herman Ibarhim, politikus, memang leres, anjeunna tadina di PAN ngan kaluar. Lamun teu lepat mah anjeunna ayeuna aktif di Majelis Mujahiddin Indonesia (MMI pimpinan Abu Bakar Baasyir). Anjeunna oge kantos nyalonkeun jadi walikota Bandung. Kuring henteu nyebutkeun Pa HI orientasina kana kakawasaan, ngan ari nu disebut politikus mah nya orientasina kana kakawasaan, kawawasaan pribadina atawa parteyna eukeur ngawujudkeun ide-ide pribadina atawa parteyna dina ngurus nagara (mangga geura tingali definisi politikus). Kumaha jalanna kenging kakawasaan? Aya "seni"na ................sadayana oge pasti terang.
--------
Yudi,
engkau hanyalah kumpulan dari hari-hari yang terhitung, bila berlalu satu hari, hilanglah pula sebagian darimu [Hasan al Bashri]
Discover Yahoo!
Get on-the-go sports scores, stock quotes, news & more. Check it out!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

