Punten, ari kabebasan mikir teh anu siga kumahanya? Rada tulalit yeuh...

Siga kieu sanes misalna, abdi tumpak motor, panggih jeung lampu beureum diparapatan, luak lieuk tapi teu manggih nu amucuy...ceuk pikiran abdi teh ditarabas we lah lampu beureumna...padahal aya pulisi...dipiriwitan ku pulisi...ahh mendingan kabur we...sok siah pulisi, mun wani mah balap jeung uing........Nu kieu sanes kabebas mikir teh?

 

Atanapi model paling top tina hasil kabebasan mikir teh nyaeta....KKN!!!

Sok cobi we mun teu mikir mah moal aya KKN geura...hehehe...

 

 

-----Original Message-----
From: ayi [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: 09 Mei 2005 15:23
To: [email protected]
Su
bject: [Urang Sunda] Re: Kabebasan mikir

 

Sapagodos pisan abdi sareng pamendak Akang perkawis pikiran nu teu tiasa dihukum. Mung dina prakna kahirupan sadidinten tangtos aya konsensus di publik nu ngatur kumaha tiap jalmi ngaluarkeun pikiranana. Konsensus panghandapna panginten adat, teras aya etika, katiduna nya hukum positif tea.

 

Dina pangemut abdi, nu di masalahkeun ku FUUI teh pangintan kieu: heug wae rek nyieun agama (baca: akidah) anyar mah, ngan cik atuh sing jantan jeung saluyukeun jeung norma nu geus aya. Mun akidah eta geus beda jeung Qur'an nya teu kudu make ngaran Islam nu geus tiheula dipake ku Qur'an tea (moalenya kudu dipatenkeun heula?). Pan sabenerna mah dina Qur'an disebutkeun yen Yahudi jeung Nasrani teh sarua2 keneh jeung Islam nyaeta turunan agama hanif-na Ibrahim. Tapi pikeun ngabedakeun jeung akidahna Yahudi/Nasrani, konsekuensina ngaran hanif teu dipake deui ku Qur'an. 

 

Janten sanes mikirna tapi ku ngagunakeun ngaran Islam padahal eusina beda, kitu panginten. Pami keukeuh ieu potensial "ngabobodo" jelma: nyebutkeun Islam padahal nu disembah beda! Kadituna deui, kulantaran akidahna tos benten tangtos we seueur syareat nu benten, sapertos masalah nikah antar agama etu nanaon, naek haji tiasa unggal sasih (teu kedah Dzulhijjah wae), gay/lesbi henteu nanaon, sholat teu wajib jst. Janten we manjangkeun hoghag tur ngalilieur (baca: meresahkan) jalmi awam (siga abdi). Nu kieu panginten tos kalebet "perbuatan melawan hukum" (duka "melanggar hukum"?) nu kalebet pidana panginten? Numutkeun FUUI mah hukumna teh dipati tea. Duka leres henteuna mah, kahijina abdi mah teu gaduh elmuna. Kaduana aya oge nu nyebatkeun mung peryogi "didakwahan deui", teu kedah "dihukum":P.

 

Akang oge leres yen seueur istilah nu diangge urang liberal pikeun "nyerang" urang konservatif, misalna disebat "fundamentalis";extremis, jumud, taqlid, kurung batokeun jrrd. Upami maos buku "Fikih Lintas Agama", misalna, disebatkeun yen kaidah ushul fikih-na Imam Syafii teh kasangtukang mundurna Islam. Dina majalah Syir'ah, Kang Ibing kantos diwartakeun lebet Kristen padahal Kang Ibing teu diwawancara sadetik2 acan! Punten sanes bade ngajejeleh, ieu mah faktual. Mangga we diparios: http://www.sabili.com/inkita-22thXI04b.htm.

 

Pikeun abdi, sigana mah urang teh kedah tatan2 Kang, kedah nguatkeun pikir salian yakin (iman tea). Sanes pikeun nyerang pamikiran nu sanes/anyar tapi panginten pikeun netegkeun pilihan kayakinan urang ka Pangeran nu nyiptakeun urang, naon bae namina. Pikeun abdi Pangeran ieu nyaeta Pangeran nu sifatna dijelaskeun dina Qur'an tea.

 

Baktos abdi sareng salam ka kulawargi,

Yudi 

 

>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>

Tapi sanajan kitu, kuring tetep teu satuju kana sikep ngawatesan pikiran. Teu satuju lamun JIL disebut "baladna setan" jeung aliran 'sesat" kudu dilarang sarua henteu satujuna lamun MMI jeung gerakan-gerakan puritan (fundametalis) Islam sanesna oge kudu dilarang, satungtung henteu ngalanggar hukum, ngarugikeun masyrakat. Kuring oge henteu satuju aya aturan
awewe kudu dikurudung sarua henteu satujuna jeung larangan awewe make kurudung. Kabebasan mikir sanes padamelan kriminal, teu lucu aya "pikiran" dihukum.

 

--------

Yudi,

engkau hanyalah kumpulan dari hari-hari yang terhitung, bila berlalu satu hari, hilanglah pula sebagian darimu [Hasan al Bashri]

<http://irmawan.tk>


Discover Yahoo!
Stay in touch with email, IM, photo sharing & more. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke