Perkawis JIL, terus terang kuring mah ngan macaan sapotong-sapotong. Mimiti
terang aya JIL pedah aya artikel dina Kompas kenging Ulil nu terusna jadi
polemik rame, tepika Ulil "divonis" hukum Pati ku ulama FUUI (pipmpinan KH
Athian Ali, da'i ti Bandung). Kuring oge kirang terang naon tujuanana. Ngan
nu jelas mah JIL jeung nu nentangna hog-hag wae, komo dina internet/millis
mah, henteu anggeus-anggeus. Aya nu nulis dina millis Islam, rada
pikaseurieun, pareseana JIL jeung nu nentangna, sarua jeung "pertentangan"
santri jeung abangan jilid dua.......hehehehe. JIL umumna ti kalangan santri
(IAIN) ari nu nentangna umumna ti kulawarga abangan, nu jadi "nyantri".
Baheula mah kaum abangan ka kaum santri teh nyebutna "santri budug" ngece
pedah sok wudhu wae (teu jauh ti cai), jadi leuncangeun jiga budug. Ari
ayeuna mah  santri diece sok momodernan nurutan urang barat.

Kade ulah lepat harti, kuring ge kadang-kadang sok ngahuleng ari maca
ide-ide "liberal" urang JIL teh, ngan kuring mah teu ngarti dalil-dalilna.
Agama keur kuring mah kumaha we nu diajarkeun baheula ti kolot kuring, jadi
ari kudu nurutan JIL mah atawa sholat make basa Sunda mah, teu bisa. Tapi
tong ditaroskeun kunaon teu bisa, duka ..........da tibaheulana oge geus
kitu. Kuring sok mamatahan budak kuring, dina ngajalankeun agama, aya nu
bisa make logika, aya oge anu henteu, jeung entong dipaksakeun dilogikakeun
.......engke bingung sorangan. Budak kuring teh nanya, naon atuh contona anu
teu bisa dilogikakeun? Kabeneran basa salat Maghrib bareng jeung budak di
masjid, aya pangumuman yen tatangga gering, menta dido'akeun supaya cageur
deui, sarerea dimenta maca Al Fatihah. Ceuk kuring teh ka budak, Aa apan
apal hartina Al Fatihah , hartina lain do'a menta nu gering cageur deui,
tapi menta ditunjukkeun jalan anu lempeng. Na kunaon dipenta maca Al Fatihah
dina ngadoakeun anu gering sina cageur deui?. Didieu, fungsi Al Fatihah lain
hartina, tapi hate anu lempeng ka Alloh swt, nyuhungkeun nu gering cageur
deui. Budak kuring teh kalahka ngahuleng ......hehehehe, maklum budak keneh
(18 taun), keun we hiji waktu mah manehna bakal ngartieun.

Tapi sanajan kitu, kuring tetep teu satuju kana sikep ngawatesan pikiran.
Teu satuju lamun JIL disebut "baladna setan"  jeung aliran 'sesat"  kudu
dilarang sarua henteu satujuna lamun MMI jeung gerakan-gerakan puritan
(fundametalis) Islam sanesna oge kudu dilarang, satungtung henteu ngalanggar
hukum, ngarugikeun masyrakat. Kuring oge henteu satuju aya aturan awewe kudu
dikurudung sarua henteu satujuna jeung larangan awewe make kurudung.
Kabebasan mikir sanes padamelan kriminal, teu lucu aya "pikiran" dihukum.

Baktos,
WALUYA

----- Original Message -----
From: ayi
To: [email protected]
Sent: Saturday, May 07, 2005 5:30 AM
Subject: [Urang Sunda] Re: Kabebasan mikir


Leres Kang, patarosan saterasna, naha leres sebatan sesat teh ukur label?
Dongeng di handap nyobian ngawaler ieu, sanes teteorian tapi murni tina
logika abdi nu sederhana.

Numutkeun abdi, JIL muncul mawa ideu2 nu diharepkeun bakal ngabereskeun
masalah hubungan nu kurang harmonis antaragama (muamalah). Salah sahiji
pokok ajaranana, yen masalah muamalah teh muncul/timbul kulantaran ayana
klaim2 kebenaran teologis (teologi eksklusip). Kusabab kitu, JIL nganggap
yen sakabeh agama sarua jeung nyembah pangeran nu sarua. Tina a





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Does he tell you he loves you when he's hitting you?
Abuse. Narrated by Halle Berry.
http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke