hatur nuhun tos ka absen, nyeta abdimah alim di hiji
hijikeun :D rewog nya heu heu heu.. salam kenal bae
teh..

--- L Parish <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Euleuh-euleuh eta Teh Nenny nu nyangsang di Batam
> mani dugi ka nangis lolongseran pedah teu ka absen,
> kapan kamari teh nu teu kaabsen mah dipaparin salam
> sagebang sewang :-)
> 
> Kang Om Ted, janten upami kitu mah hukum potong
> panangan teh atuh ulah dilarapkeun ka anu mung ukur
> maling pare lantaran anak pamajikan reang cerik teu
> bisa ngaliwet. Tapi langkung paos dilarapkeun heula
> ka nu maling duit rayat. Leres kitu :-)
> 
> Kanggo Kang Nana urang Kalijati, salam kenal :-)
> Parantos sabaraha lami di Balikpapan teh Kang?
> Wilujeng bubuara, sing betah.
> 
> Kang Eko - bapa kuncen, kutan kawit ti Indihiyang?.
> Abdi taun 1984 kantos ngawulang di SMPNI Indihiyang,
> unggal dinten didugdag ti Singaparna ngebut kana
> motor butut. Hatur nuhun info situs Petir-na, janten
> abdi tiasa noong nu nuju aheng di lembur, teu
> poekeun teuing :-)
> 
> Kang Dani, pun lanceuk oge teu tiasaeun maca Kur'an,
> kapungkur diajar salatna teh teorina (maca tina
> bukuna) nu basa Inggris, ari praktekna mah ngadeg
> digigireun (sanes abdi ngaimaman salaki) teras
> bacaan abdi rada ditarikkeun ngarah ka kuping ku
> anjeunna. Lami-lami mah anjeunna tiasa salat, tapi
> unggal rakaat teh ngan fatihah weh jeung kulhu :-).
> 
> Teh Nia, kantenan bae seungit ditangkeup ku abdi mah
> da parantos lami teu neda jengkol :-)
> 
> Teh Imas, pangesto Alhamdulillah sehat. Salam kenal
> :-).  Kumaha Jakarta masih macet di jalanna?
> Abdi mah di London nyingcet alias pasisianna, di
> Essex. Di Indonesia kawit ti kampung, ngalih ka
> Inggris ge jadi urang kampung deui :-).
> 
> Kang Akhmad Gunawan (dipanjangkeun bilih pagentos
> sareng nu sanes he he ...), nu diharudum ku sepre
> bodas teh barudak sakola nu daramel di hotel tos
> kagiliran jaga peuting. Kaperego ku abdi jeung si
> akang nu tos jalan-jalan subuh. Difotoan diheureuyan
> centeh rek dilaporkeun ka manajerna gawe teh ngan
> sare. 
> Teori ti abdi mah, supados langkung efisiensi teu
> kedah ngalengkah ka WC, sakantenan bae nganggo botol
> atanapi balon ditalikeun ka 'si ujang' :-).
> Punten, narjemahkeun mah hoream ah (ari nyebatkeun
> teu tiasa mah bisi pajar ngabohong) 
> 
> Kang Jalak Pakuan, ngarojong pisan upami judi sareng
> korupsi diberantas (diberantas naon sundana nya?)
> margi ngarugikeun rahayat, ari potong tangan mah
> bilih lepat neukteuk :-)
> 
> Bagea Teh Ivawanti, abdi ge kantos lami di Bandung.
> Ti palih mana Bandungna teh? Naha leres saurna di
> Bandung ayeuna aya "Water World"?
> 
> Kang Patwa Nugraha, hatur nuhun kana perhatosanna.
> Leuh mani tos aya dina basa sundana nya nu iklan
> teh.
> 
> Kang Yudi, leres nu diwartoskeun ku Neng Iva teh
> tapi aya tambihna, saurna nganafkahanna numutkeun
> perjanjian/bagean tina kontrak. 
> Asa maning nu biasa bae atuh kang, anu kontrakna
> seumur hidup atanapi satungtung aya keneh duriat.
> Sakaterang abdi mah Rosulullah kantos ngawidian teh
> saharita waktos nuju usum perang wungkul.
> Kang Yudi, upami mancing mah atuh alungan abdi
> lelena, da gaduh hiji di bumi ge teu tiasa dipasak
> :-)
> 
> Teh*/Kang* Icho (*punten pangmupuskeun hiji he he
> ....), salam kenal, sing getol atuh damel teh tong
> bolos bae :-)
> 
> Kang Arie, wilujeng sumping, mendak naon bae ti
> situs Kuningan teh? sok atuh bagikeun ka urang Bakus
> :-)
> 
> Uwa Sas, asa kabita hoyong abdi ge nganjang ka
> Cireundeu, palih mana Bandungna? Kapungkur nuju di
> Bandung teu kantos nguping.
> 
> Kang Didi, teu tiasa nulungan abdi ge teu terang
> naon nya "tanda seru" teh basa sundana, tanda
> panggorowok, kitu?
> 
> Sakitu bae heula kanggo dinten ieu mah, anu teu
> kaabsen tong pundung mangga bae ngacung :-)
> Hapunten ka sadayana. wassalaamu'alaikum.
> baktos,
> Lies/Teteh
> www.teteh.com
> 
> 
> 
> 
> 
>  
> 
> 
> 
> 


"Nineung Ka Lembur Kuring" 
 http://nenden.multiply.com




                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
What would our lives be like without music, dance, and theater?
Donate or volunteer in the arts today at Network for Good!
http://us.click.yahoo.com/MCfFmA/SOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke