Komentar kuring diselipkeun diantara komnetar Kang Nana :

--- In [email protected], nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:

KANG NANA : Sabenerna mah euweuh kontradiksi antara no.2 jeung no.8 
teh.
> 
>  di titah milih partey islam soteh supaya pamarentah TS bisa 
ngajalankeun SI sacara konsisten, coba lamun US marilih parteyna 
sakarepna aya anu nasionalis, sosialis, islam jsbn meureun tujuan 
arek ngalaksanakeun SI moal bener2 bisa diwujudkeun sacara konsisten 
jeung kaffah.

WALUYA : Maksadna dititah teh ukur dianjurkeun atawa dipaksa? upami 
dianjurkeun nya teu sawios-wios, ngan upami dipaksa/dikudukeun mah 
panginten ngalawan kabebasan mikir tea (milih partey sabenerna mah 
salah sahiji kabebasan mikir).

KANG NANA : Ieu teh sabenerna tujuanna nyegah generasi urang supaya 
henteu tigubrus kana maksiat, sabab teu saeutik barudak ngora nahan 
henteu rumah tangga kulantaran henteu sanggup keur biaya kawinna. 
anapon pepegatan dijieun hese maksudna mah birokrasi dina ngurus 
pepegatan teh entong gampang teuing lamun bisa mere solusi keur 
rumah tangga eta keur naon pepegatan, sabab pepegatan teh dijaman 
kiwari mah geuning geus jadi mode, rumah tangga anu burakrakan eta 
teu hade keur anak - anak anu ditinggalkeunana. ari poligami 
dilegalkeun supaya lalaki anu boga gairah seks leuwih bisa 
ngalakukeun hajatna tanpa kudu nyieun dosa.

WALUYA : Oh maksadna kitu. Tapi kade ulah hilap poligami di nagara 
urang ayeuna oge dilegalkeun, undang-undang diurang henteu 
ngaharamkeun poligami, ngan make syarat-syarat, teu meunang kitu 
wae. Jadi persis jiga kasus dina pepegatan, nu dina fiqh Islam mah 
gampang pisan, tapi ku nagara ditambahan make pangadilan agama 
sagala. Poligami oge kitu, meunang asal diizinan ku pamajikan nu 
kahiji ( lamun kakara boga pamajikan hiji .......duka lamun geus dua 
mah kuring teu apal).

KANG NANA: Sabenerna mah dina caritaan kuring henteu langsung nyebut 
make kekerasan tapi "bila perlu" berarti salila jalan damey henteu 
disambut kalawan hade euweuh salahna make kekerasan. dasar 
pamikiranna kieu kang, inget di zaman khalifah Abu Bakar sidik 
harita loba jalma islam anu embung zakat. kusabab ajakan Abu Bakar 
henteu ditanggapi ahirna make jalur kekerasan nyaeta perang. 
masalahna naon? diperangan soteh pedah anu embung zakat teh urang 
islam keneh, coba lamun manehna karesten atawa yahudi ieu moal 
dipermasalahkeun saeutik oge da puguh cekelanna sedengkeun urang 
islam embung ngajalankeun hukum - hukumna ieu bakal ngarusak agama 
islam eta sorangan. Pan salaku urang islam urang teh diwajibkeun 
amar ma'ruf nahi munkar jeung silih nasehatan dina bebeneran jeung 
silih nasehatan dina kasabaran, upama urang ngantepkeun urang islam 
anu sasar tangtu urang enggeus teu ngajalankeun parentah Allah lamun 
kitu mah. Lamun aya urang islam ngalakukeun lampah sasar komo deui 
ieu mah musyrik tuluy ku
>  urang diantepkeun meureun engkena agama teh bakal ruksak.
> 
> Saumpama anu percaya nyi ratu kidul, nyi pohaci, percaya kana 
ngahiyangna Siliwangi, ngalaksanakeun perdukunan, pelet jeung santet 
teh nganyatakeun agamana lain islam ieu henteu masalah anu masalah 
lamun maranehna ngaku islam. ieu pibahayaeun keur kamurnian ajaran 
agama urang.

WALUYA : Sakali deui kuring satuju lamun ukur anjuran jeung dakwah, 
tapi kuring henteu satuju lamun kudu dipaksa. Sabab lamun maksa 
tungtungna hareupeun jiga nu heueuh, ditukangeun beda deui. Kudu 
dibedakeun antara ibadah nu kaciri/bisa diukur jiga zakat jeung 
ibadah anu hubungan manusa jeung sang Penciptana. Ibadah zakat 
gampang ngukurna da make ukuran barang, Si X geus mayar zakat sakieu 
rupiah, saton pare jrrd,  tapi ibadah anu sejenna, kumaha ngukurna 
hiji jelema dianggap musyrik jeung "sesat"? Apan aya ucapan  
Wallohualam, keur nunjukeun urang mah teu terang nanaon, sabab nu 
sagala terang mah ngan Gusti Alloh Swt.   

KANG NANA : Henteu hese kang, urang make syariat anu mayoritas di TS 
wae atuh. cara Syiah di Iran cara Suni di Pakistan jeung Aceh. 
Umpamana di TS islamna mayoritas Suni nya anu diterapkeun teh Suni 
ulah Syiah. lamun anu diterapkeunna anu minoritas mah nya pasti weh 
piributeun.

WALUYA : Tah nu jadi masalah Sunni oge henteu hiji, seueur oge 
aliranana dibuktoskeun ku seueurna pamendak nu beda-beda. Ceuk 
ajengan ieu kieu, ceuk ajengan itu, kitu. Dianggo nu ieu, nu itu 
protes, nu itu dianggo, nu ieu ngambek. Masalah kaimanan / kaagamaan 
hese dikompromikeun, metoda demokrasi moal bisa diterapkeun dinu 
soal ieu, minoritas moal daekeun kitu wae nurut ka mayoritas ari 
soal kaimanan mah, sabab eta mah prinsip.

Tos ah.........tos disampeur kudu mulang. Hatur nuhun.

Baktos,
WALUYA







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
What would our lives be like without music, dance, and theater?
Donate or volunteer in the arts today at Network for Good!
http://us.click.yahoo.com/MCfFmA/SOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke