Pan saur abdi ge tadi upami ieu peraturan tos disaluyuan ku "sadaya pihak". Upami peraturan ieu memang tos janten Perda berarti pan teu aya masalah, berarti tos disaluyuan ku umumna pihak. Kecuali masih mangrupi kahoyong walkotna (hanjakal abdi ge teu ningal dina tv), masih kedah narekah tahap2 anu kanggo ngamutuskeun peraturan ieu. Upami henteu lepat peraturan anu diinstruksikeun ku Walkot ieu kanggo non-muslim mah pan mangrupi himbauan. Himbauan didieu dalam arti menghormati kaputusan/peraturan anu tos dijieun. Sesama agama salian masihan kabebasan pan kedah saling menghormati oge. Anu minoritas mah nya wayahna kedah menghormati ka mayoritas. Dina ngajalankeun sangsi kanggo anu henteu ngajalankeun (boh anu muslim atawa anu non muslim) teu langkung anu ngadamel peraturanana.
Tujuan jilbab misalna kanggo katertiban cara berpakaian atanapi kanggo ngurangan kamaksiatan, tiasa wae ieu tujuanana. Upami ieu (peraturan ieu) dianggap mashlahat kanggo kapentingan umum henteu aya salahna dijieun prioritas. Prioritas2 anu sejenna tiasa nyusul. Jilbab sanes mangukur simbol agama, tapi oge sabuah tindakan anu mangpaat kanggo katentraman kahirupan sosial. Ayeuna upami aya jalmi anu berjilbab teras ngalakukeun kamaksiatan, tong disalahkeun jilbabna tapi jalmina/kalakuan jalmina.
Neng Iva
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sae tah Neng Iva pairanana. Ngan ti kuring aya sakedik koreksi,
nyaeta soal kontitusi nagara urang, UUD 45, nu nybeutkeun kabebasan
beragama jeung kabebasan dina ngajalankeunana (fasal sabaraha, hilap
deui). Maksa non Muslim Warga Negara Indonesia (WNI) sina make
Jilbab, sabenerna ngalanggar konstitusi nagara urang. Hukum diurang
tolok ukurna nya UUD 45 (pangluhurna). Lamun aya Undang-undang, komo
deui peraturan Daerah (Perda) nu ngalanggar konstitusi, kuduna UU
atawa perda eta kudu ditarik deui. Hiji-hijina jalan supaya ulah
ngalanggar konstitusi, ganti heula kontitusina (UUD) na!
Ari kuring mah tetep teu ngarti, naon tujuanana perda kudu dijilbab
ieu? naha bener dijilbab ngurangan kamaksiatan? Ceuk dina millis
sabeulah, aya VCD porno, "Lombok membara", nu pamaenna budak
tsanawiyah di Lombok, nu dina maenna, jilbabna tetep dipapake!
(sumpah, kuring acan lalajo VCD eta .........hehehehe).
Baktos,
WALUYA
(Netral dina soal Jilbab, sabab kuring mah lalaki!)
--- In [email protected], iva wanti <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Aturan dina islam soal anggoan kanggo istri nyaeta gaduh
prinsip "umum" anu kedah nutup, kecuali muka dan telapak tangan.
Tapi diantara ahli fiqih aya oge anu masihan pendapat yen istri anu
digawe misalna gawe di sawah atawa anu tos kolot anu moal
ngabangkitkeun birahi henteu nutup ge cenah teu nanaon. Ieu mah anu
berpendapat lain.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Mail Mobile
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

