Jarah ka makam kolot, kuring oge masih sok ngalakukuen Neng Empup, 
sanajan indung jeung bapa geus ngantunkeun aya kana 20 taun kapengker. 
Teuing atuh ari tas ti makam kolot teh, rarasaan teh hirup jadi adem-
ayem, kolot teh asa aya keneh. Kuring mah lamun ka makam kolot teh 
tara mawa kembang jeung parupuyan, gek we cingogo, ukur ngadua mugia 
kolot kuring dipasihan rahmat di alam kuburna. Kadang-kadang ari hate 
mah, hayang nyebutkeun "Ema do'akeun nya!", da kabisaan baheula indung 
teh sok ngadoakeun wae, sing loba rezeki, sing loba nu nyaaheun lamun 
arek mulang ka Bandung teh. Tapi ras deui inget teu meunang 
barangpenta kanu parantos maot mah. Enya da nu maot mah, moal tiasaeun 
nyarios.

Saleresna mah jarah kubur, jigana kabiasaan anu diturunkeun turun-
tumurun ti kolot urang. Kabiasaan ieu jigana mah aya patula-patalina 
jeung adat-kabiasaan karuhun urang. Ngan lamun dipikir-pikir jigana 
jarah kubur teh dibawa ku Islam oge, sabab samemeh Islam lebet mah 
apan agamana Hindu, mayit nu maot teh diduruk, teu aya sesana. Jadi 
teu aya jarah kubur di agama Hindu mah (meureun ....). Atawa 
kapangaruhan ku Budaya Cina kitu? sabab budaya Cina mah nu paling 
percaya kana roh karuhun teh. 

Punten mairanana kamana wae ....da ari masihan pituduh mah kuring oge 
henteu terang, rumasa diajar keneh.

Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], "Mpup" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ngeunaan jiarah kubur, aya anu ngengingkeun istri jarah, aya oge anu 
> teu kenging istri ngiring jarah... sareng aya anu kenging nganggo 
> sendal/sapatu (alas kaki), aya oge anu ngaharamkeun ka makam nganggo 
> alas kaki... Maksad abdi sanes jarah ka makam karamat/ anu 
> dikaramatkeun, ieu mah jarah biasa wae, nadran ka karuhun urang 
> atanapi nini/aki, indung/bapa urang nu geus parupus... 






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Ever feel sad or cry for no reason at all?
Depression. Narrated by Kate Hudson.
http://us.click.yahoo.com/LLQ_sC/esnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke