neng
ipup teh di fasa-unpad ? ngiringan LISES henteu ?
atanapi kalahka ngiringan
palawa....
-----Original Message-----Ngeunaan jiarah kubur, aya anu ngengingkeun istri jarah, aya oge anu
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Mpup
Sent: Friday, May 27, 2005 11:39 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] jarah kubur
teu kenging istri ngiring jarah... sareng aya anu kenging nganggo
sendal/sapatu (alas kaki), aya oge anu ngaharamkeun ka makam nganggo
alas kaki... Maksad abdi sanes jarah ka makam karamat/ anu
dikaramatkeun, ieu mah jarah biasa wae, nadran ka karuhun urang
atanapi nini/aki, indung/bapa urang nu geus parupus...
Jeung deui aya nu percaya yen ngadu'akeun di payuneun kuburanna teh
sae pisan, aya oge nu henteu.. ceuk nu henteu, cnah urusan nu maot
mah geus we nepi ka maotna, teu kudu didu'akeun, mun rek ngadu'akeun
cukup di bumi bae, teu kudu di caket kuburanana.... aya oge nu sok
kabiasaanna mangmacakeun/hadiah surat Yasiin hususon kanggo anu tos
parupus, aya oge nu teu percaya yen anu dibacakeun ku urang pikeun
ngadu'akeun nu maot teh dugi ka aranjeunna....
Aya anu percaya yen roh unggal malem jumaah nguriling ka imahna, ka
dulur-dulurna, naha mangdu'akeun henteu keur aranjeunna.. cenah mah
mun anu henteu aya du'a, roh teh balik bari ceurik... aya oge nu teu
percaya ngeunaan hal ieu da roh mah geus aya di alam barzah, teu
bisa ngalongok atawa ngaharepkeun du'a ti nu harirup keneh...
Ceuk anu percaya, cenah bisa ngirangan dosa/siksa ka anu maot
upamina urang ngadu'akeun...
Nyuhunkeun pituduhna ngeunaan hal ieu.....
~ipup~
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

