On 6/2/05, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Walah beurat ....ieu mah bagean neng Mpup atanapi Ua Sas......, namung ke urang cobi-cobi..ulah pundungnya upami teu tiasa sadayana.....Sina nyiruruk di saung = Sina reureuh di saung, dina eta kalimat eta maksadna ; Sina cicing/nganjrek di saungDina Palupuh sabebek = Dina palupuh salambar (palupuh : dasar bumi tina awi anu dibeulah,teras dicacag manjang)Dina Hateup sajalon = Dina hateup salambar {hateup = kenteng ( atap bhs. Indonesia) anudidamel tina tangkal eurih/alang-alang, bhs. Indonesia)eta hateup salambarna disebat "sajalon".Dina Cai teu inumeun = di tempat nu hese cai kanggo nginum (manawi kitu oge)Dina jalan teu sorangeun = Teu aya jalan kanggo liliwatanDina areuy teu tilaseun = Pinuh ku areuy (maksadna jalanna katutup ku areuy)areuy = tutuwuhan anu ngarambat.tilaseun--> tina tilas (daerah sanes "tigas") disabet ku bedogSakitu kasaramunan = nu ieu mah lebeng bin lapur....Janten upami disalin kana kalimat biasa mah kirang-langkung : Sina cicing disaung, ditilam ku palupuh salambar, ditiungan ku hateup salambar, walurat ku cai inumeun, taya jalan liliwatanrumpil/pinuh ku tutuwuhan areuy........Sakitu anu tiasa kapidangkeun...... mangga anu sanes pang ngalereskeun anu lepatna, sareng pang nambihankeun anu kirangna.ssw
--
Baktos,
Dudi Herlianto
Baktos,
Dudi Herlianto
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

